Lompat ke isi

Kaca:Rangga Malela 3.pdf/120

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

XIII

Sawengi jeput Rangga Malela teu liren-liren negarkeun kuda. Teu ieuh ditolih kuma kaayaan jalan. Sakapeung sorangeun teh rata sarta gampang ditincakna, sakapeung tarahal da batu-batu gunung patengtongan. Malah lain sakeudeung-keudeung anjeunna kedah sseseleke antara akar jeung jangkar kakayon Lain sakali dua kali wae kudana kapaksa kudu kukurusukan dina areuy-areuy nu carucukan. Malah aya mangsana bebelekukan dina leutak rawa nu biasana mah teu ara kasaba ku manusa. Tuda jalan nu disorang ku anjeunna harita teh memang lain liliwatan biasa, tapi ngahaja narabat ngarintas padataran Bandung nu masih keneh mangrupa leuweung gonggong sima gonggong. Padataran nu sabuderna meh ranca wungkul sarta di ditu di dieu rendang sato garalakna.

Tos taya nu dipikagimir pisan ku Ki Macanwangi harita teh. Emutanana estu gumulung kana nasib Sekarwangi nu can karuhan kumaha-kumahana. Tapi ana ras emut kana carios Nyi Tanjung memang kawas taya harepan kana iasa tepang deui. Da apan saurna oge tadi, di Cikahuripan teh di lebah lengkob anu disaurkeun ku anjeunna ka Ki Darga basa keur aya di Kutamaya keneh, nu katingal mung ukur ruruntuk bumi nu tos geseng kari areng jeung lebu. Sarta dina handapeun tihang nu geus jadi areng tetela cenah ceuk Ki Darga oge, bet aya layon nu nya kitu deui geus geseng.

Enjingna wanci haneut moyan teh anjeunna tos dugi ka Cikahuripan. Sasumpingna gesat gesut muru ka lebah ruruntuk bumi nu memang enya ngan kari lebu jeung arengna teh. Malah tatangkalan anu narampeu ka dinya oge mani tarutung. Daunna garing parerang, nya kitu deui dahan jeung pangpungna oge.

Kuda dicangcang dina dahan kamuning garing ku kahuru. Teras ngajungkat-jungkatkeun batu tatapakan nu geus ngareprul balas kabeuleum. Sejana ngorehan layon-layon nu geus geseng jadi areng tea. Hayang nyampurnakeun layonna sangkan lelembutan-

118