Lompat ke isi

Kaca:Rangga Malela 3.pdf/123

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

larang, kadua kalina basa amitan deuk angkat ka Madialaya. Teu nyana, saurna gegerendengan. Horeng pondok pisan lalakon anu sakitu nimatna teh. Keur naon dikersakeun tepang atuh ari baris pikieueun mah?

Keur ngajengjen bari neuteup cai, kuda nu aya di pungkureunana teh ujug-ujug titimbris kana taneuh jeungna hihiem! Tapi teu ieuh ditolih ku Sang Sunu da keukeuh wae emutanana kumambang dina raray Sekarwangi. Malah harita teh keur dipapantes di dituna mah Sekarwangi teh saperti biasa wae, nuju ngeunteung dina cai anu sakitu ngagenyasna.

Kuda titimbris deui sarta sesegor ayeuna mah. Tapi keukeuh teu ditolih. Ku kituna ngan gewewek wae bangusna kana leungeun raksukan. Dibenyeng digugunyeng nepi ka memehan ngabangkieung Sang Sunu teh. Atuh teu weudeu benduna. Ret wae ka pungkur bari ngamangkeun gobang, tadina mah deuk dibabukkeun kana bangus kuda, ngan barang ret barang gebeg wae anjeunna teh. Reuwas aya atoh aya, tapi bari teu percanten kana titingalianana harita. Tapi najan bari cangcaya oge teu burung anjeunna ngalesotkeun tali kadali. Pedang buru-buru dikanasarangkanakeun deui. Sarta saurna arap-ap-eureup-eup.

”Henteu ieu teh kasamaran mah?”

Harita teh basa anjeuna keur uleng neuteup citalaga, aya nu sumping ka pungkureunana. Memang teu ieuh kadangueun da puguh emutanana keur baluweng tea. Tapi kuda mah nu memang teu ngarti kana karuwet dunungan, angger wae irung jeung ceulina teh seukeut. Ti anggangna keneh oge najan nu sumping angkatna engke-engkean jeung ati-ati pisan, bet teu burung kadangeueun.

Nu anyar sumping, sarta anu harita ngajengjen paeunteungeunteung sareng anjeunna teu ieuh lemek ditaros ku Rangga Malela teh. Malah anggur berebey wae cisocana. Ngalembereh maseuhan damis.

”Enung!” saur Rangga Malela deui bari beuki anteb neuteup ka nu keur ngajengjen bari bijilan cisoca. ”Cing nyarios, na enya ieu teh panutan engkang tea? Na enya ieu teh Nyai Ayu Sekarwangi?”

Nu ditaros nyusutan cisoca ku tungtung raksukan nu geus

121