lekun. Balieur, bru wae rubuh kana akar kiara tempatna ngalangeu sadidinten. Segruk nangis mani eueuriheun.
Nu nangis bari nyuuh kana akar kiara enggal diburu. Gap kana pundakna sarta saurna,
”Engkang terang yen Enung teh ayeuna mah enyaan tos cuangcieung pisan. Enung istu teu sanak teu kadang di dieu teh. Ku kituna hayu ayeuna mah urang buru-buru ingkah! Urang nyusul Teh Tanjung katut panutanana nu dina danget ieu teh meureun tos nyarerieun beuheung sosonggeteun balas ngalieukan urang.
”Tapi gamparan naha ngabohong? Pajar Teh Tanjung nu bade ka darieu teh! Ari heg bet manusa-manusa telenges!” Sekarwangi maksakeun anjeun sasauran bari teu weleh juuh ku cisoca.
”Enung!” Sang Sunu ngupahan bari ngaras kana rambut Retnayu nu ngarumbay ngalangkungan imbit. "Teh Tanjung memang arangkat ka dieu. Malah sareng panutanana pisan katut sawelas urang pangiringna. Tapi di satengahing jalan, samemeh darugi ka dieu kabujeng ditarajang manten ku jurungan-jurungan Ki Langkara nu jumblahan teu kirang ti tilu ratus urang. Para pangiring binasa sadayana. Tapi Teh Tanjung kalihna Ki Darga diperedih ku para pangiring sangkan buru-buru ngejat ngaloloskeun diri tina kepungan wadiabala Ki Langkara. Mimitina mah teuas pisan boh Ki Darga boh Teh Tanjung oge. Da saurna, hina kasebutan kudu ngejat ti pakalangan bari ngantunkeun balad nu hamo pikuateun ngayonan musuh. Deuk bagja deuk cilaka oge leuwih hade babarengan. Tapi sanggeus dilelemu ku hiji santana nu tos aya yuswana, yen dalah dikumaha wae oge Teh Tanjung katut panutanana teh kedah neraskeun lalakon. Malah ulah dugi ka henteu, cenah kedah nyusul engkang ka Madialaya; tungtungna mah teu burung tuang raka duanana oge ngeledan. Pakalangan ditilar. Biur wae mangprung bari dihujanan ku jamparing. Hadena wae duanana oge tuang saderek teh sanes manusa sabongbrong. Dalah jamparing tingbaliur tingsariet, tapi hiji oge taya nu nyasar kana salirana.
Duka kumaha lajengna pang tuang raka yasa lolos ti pakalangan mah, tapi saurna deuih; sanggeus lolos ti nu ngarepung teh teu lali ngabarujeng ka dieu Tapi barang dugi ka dieu teh nu kason-