Lompat ke isi

Kaca:Rangga Malela 3.pdf/125

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

dong mung ruruntuk adegan nu geseng jadi areng. Malah saurna dina handapeun tihang tutung mah katingali aya layon nu nya kitu deuih tos garing teu bina ti areng, lianna. Engkang teu panjang tataros deui sanggeus nguping katerangan Teh Tanjung kitu mah. Sabada papatah ka aranjeunna jeung ka para pamanggul jurit, keclak wae kana kuda. Biur wae mangprung. Da tos awon wae sangkaan mah. Enung teh boa-boa tos taya dikieuna. Da kitu pisan saur tuang raka oge, layon nu tutung teh lain ngan hiji. Tapi ayeuna Enung tetela aya. Masih keneh weuteuh sabeuleugeujeur. Sidik lain dedemit, tetela lain lelembutan marakayangan pedah waruga teu kasampurnakeun. Sareng apan saur nu aruninga oge, nu kitu mah laliarna oge sok peuting. Tiwanci sareupna nepi ka mangsa balebat.”

Najan bari teu repeh nangis, tapi teu keudeu kasauran Sang Sunu teh didangukeun, gurinjal wae Retnayu teh. Gabrug ngarangkul sarta teras muntel, ”Gamparan!” saurna dumareuda. ”Dalah dikumaha oge ti danget ieu mah abdi gamparan teh hoyong ngiring wae. Sumangga nyanggakeun raga sakujur. Deuk didamel tukang nutu tukang ngejo oge mangga. Abdi gamparan mah karuhan urang gunung tukang gawe badag.”

Rangga Malela ngangres oge ngadangu nu melas-melis bari masrahkeun diri teh. Kek wae kena angkeutna, Retnayu disina tanggah sarta saurna,

”Enya Enung panutan engkang. Nya Enung pibatureun hirup teh. Ku kituna, peupeujeuh ti danget ieu mah tong gagamparanan deui. Sareng hayu urang buru-buru ingkah ti dieu. Urang ngabujeng ka Madialaya. Pisakumahaeun teuing bingahna Teh Tanjung mun tepang kieu sareng Enung teh.”

Nangisna leler. Ret wae kana pameunteu Rangga Malela nu memang harita teh nuju neuteup semu deudeuh ka anjeunna. ”Engkang!” saurna dumareuda jeung bangun asa-asa naker.

Rangga Malela unggeuk bari imut ngagelenyu. ”Enya, enya engkang teh panutan Enung. Ari Enung sasat jiwa raga engkang pribadi.”

”Naha yaktos sakali ieu mah rai teh baris kasorang patepung sareng saderek?”

123