Lompat ke isi

Kaca:Rangga Malela 3.pdf/126

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

”Matak hayu urang geura-geura ka Madialaya. Urang buru-buru ngajugjug hiji dayeuh nu ayem tengtrem sepi tingtrim. Sugan wae dina hiji mangsa mah urang tiasa sasarengan ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara di Sumedanglarang.”

”Tapi engkang hamo ngantunkeun deui?”

”Engkang tos pasini ka diri, yen ti danget ieu mah engkang salawasna teu paanggang ti Enung. Enung ge kedah pasini ka diri sangkan salawasna teu paanggang ti engkang.”

124