XV
Teu lali kana pasini da raraosanana teu kantos sabaraha lamina sanggeus hasil bubujengna, gesat-gesut Rangga Malela mulih ka pangrereban. Bari manggal mencek nu keur meujeuhna raos pidengdengeun. Bubuhan keur alam di Galuhna oge anjeunna teh lain ngan kawentar pamuk ratu anu rea luang di medan jurit wae, tapi pon nya kitu deui tos kawentar jadi permagati anu tapis di pamoroan. Malah geus biasa deui ari ngaberik uncal di pamoroan teh tara ieuh ngagunakeun pakarang-pakarang acan. Dibeledig kitu wae boh bari negarkeun kuda boh diuber ngalagar, nepi ka kacerekna pisan ku pananganana ku anjeun. Malah balarea geus tarerang deui, kana bubujeng teh Ki Macanwangi mah mani teu sirikna jadi kalangenan sadidinten.
Enya memang teu lami ceuk raraosanana mah basa bubujeng harita bari ngantunkeun panutan teh. Da apan anu diuberna oge mung mencek sasiki. Tapi kangaranan nguber atuh, sateu lamina. Da eta wae, angkat wanci haneut moyan teh mulih-mulih meh wanci manceran. Ari biasana, apan ari bubujeng teh sok ti wanci balebat mula nepi ka mangsa sareupna. Malah tampolana mah, ari kapambeng ku hanca, sok dugi ka wanci sareureuh kolot pisan.
Tangeh keneh oge harang nembe katingali runggunukna tangkal kiara lebah sirah cai, Rangga Malela tos nyauran ka nu dikantun,
”Enuuungng! Enggal papagkeun! Kenging pidengdengeun teh!”
Sangkaanana mah Retnayu baris purat-perot nyampeurkeun ka anjeunna bari pameunteu marahmay. Ngaeuleuh-euleuh kana mencek anu dipanggul harita. Mangkaning jojorowokanana kitu teh ngahaja bari ngarandeg, da palay dipapagkeun tea. Meureun tada temen bagjana lamun dibageakeun ku budi bear semu bungangang teh.
Jep wae Sang Sunu teh. Ngadadangukeun ngilesna sora aweuh-