Retnayu kantos tarekah ngalawan ka nu maraksa pikeun ngaboyong teh, tapi kawalahan. Da dalah dikumaha wae oge anjeunna harita teh keur karagok dumeh masih keneh aya di cai. Teu iasa laluasa bela diri da kapaksa kedah ngabunian salira ku sinjang anu dianggo basa nuju ngoyok di cai. Kalihna, nu dipayunan teh lain saurang duaan wae. Tapi aya welas urangna. Atuh najan adug songkol bari tohtohan oge tungtunga mah teu burung kacerek. Panangan katut sampeanana nyandang tatali bahamna dibekem ku iket Jayadipati. Atuh teu tiasa gogorowokan-gogorowokan acan pikeun mundut tulung ka nu keur ngantunkeun ka pamoroan.
Tunda Retnayu anu jadi boyongan sarta dicandak ka Kutamaya ku Prabu Anom Silalawi, Kocap Rangga Malela, ti harita teh teras wae ngasrak leuweung reuma. Malah antukna mah sakuliah leuweung kaider. Ana gok pasarandog jeung sato hewan, boh meongna boh kerudna tara tata pasini deui ngan der wae ditarajang. Malah satungtung can disiksik jadi daging sakeureut-sakeureut mah can ngaraos sugema. Bongan nu kitu patut cenah anu ngalantarankeun ngilesna panutan oge. Tapi dina hiji mangsa, barang anjeunna geus aya mingguna turun gunung unggah gunung. Sarta saparantos aya welasna sato leuweung nu ditandasa, ras wae emut kana kulak canggeum bagja awak, yen dalah dikumaha wae oge manusa mah teu wasa mibanda teu wasa miboga. Jeung apan hirup teh aya marga lantaranana. Aya nu ngersakeunana. Sang Sunu nembe emut kana lalakon hirup di pawenangan, yen tong boroning manusa anu buktina ukur diwangun ku tulang jeung daging, dalah bumi jeung langit, dalah bentang bulan katut srangengena pisan, ari geus cunduk ka wuku mah tanwande baris binasa. Ari geus dikersakeun mah ku Nu Kagunganana, srangenge tanwande kaleungitan pangawasa, bulan jeung bentang ilang cahaya.
Leng wae ngahuleng bari calik dina akar kayu. Galindeng wae ing salebeting ati, ”Mana kieu oge meureun lain bagja aing pikeun mayeng ngumbuh jeung panutan tug, tepi ka kundang iteuk. Meureun teu kawidian ku Yang Agung. Jeung apan aing teh boga papancen sejen iwal ti nguruskeun pusaka karajaan di Sumedanglarang teh. Sri Maha Wangi Niskala Wastu Kancana masihan timbalan sangkan aing nyiar patempatan anu hade pikeun dibedah