Lompat ke isi

Kaca:Rangga Malela 3.pdf/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

IX

Sanggeus sataun jadi urang dayeuh, dina hiji mangsa Rangga Malela sumping deui ka Cikahuripan. Kebat muru ka talaga da jalan nu disorangna oge tilas ngalangkung bareto anu dituduhkeun ku Sekarwangi.

Karek rentang-rentang oge kunyuk-kunyuk teu wudu geus marotah. Tingjerewet tingkoceak, juba-jebi jeung runyahrenyoh. Atuh Retnayu nu harita keur reureuh palay sisi talaga bari ngarumbaykeun sampean kana cai kapaksa nyentak ka nu keur marotah, ”Utun!” saurna bari kerung. ”Na teu kabireungeuh kami keur ngararasakeun hiliwirna angin? Ku nahaon maraneh teh?”

”Timburuan rupina, pedah aya jalma anyar pinanggih.” Rangga Malela nempas bari nyampeurkeun ka nu keur ngalungsar na akar kiara. "Rupina ayeuna mah hamo disinglar ku parancah deui engkang teh”.

Sekarwangi geus terang ti tangehna ka Ki Semah. Da tadi oge tos kadangueun korosakna basa masih keneh kukurusukan di nu bala. Naros kitu ka kunyuk-kunyuk soteh api-api wae. Malah harita oge, basa Sang Sunu tos ngadeg ngaleg-ngaleg di gedengeunana, tonggoy wae tanggah bari saurna deui ka nu tinggaruntayang,

”Aya nahaon atuh maraneh teh, Utun? Mun cicing, bangreung kami mah!”

Tos sasauran kitu socana ancrub deui kana cai nu canembrang tur ririakan diulinkeun ku angin nu seseleke tina sela-sela gawir. Ti dituna mah miceun beungeut da sungkan paadu teuteup jeung hiji jajaka nu kungsi ngajaheutan hate. Tapi teu ku hanteu da barang ret kana beungeut cai, katingali Ki Semah keur ngajanteng bari neuteup.

Ningali nu imut teh nyel wae seueul. Malah mun teu ras emut kana piwuruk sepuh mah asa hoyong' wae utah. Awahing ku,

71