sungkan paadu tingal reup wae peureum mani tipepereket bari dipeungpeukan ku dampal panangan duanana. Ngan papadaning kitu oge dadana mah ratug tutunggulan. Mana hate tingseredet, salira tingsariak kawas nu katarajang galingging panas tiris.
”Enung!” saur Rangga Malela leuleuy. ”Lali deui ka engkang?”
Retnayu teu malire, tapi suarna ing salebeting kalbu, ”Sageuy poho da kakara sampean jajaka nu kungsi kasanghareupan satung-tung aya di Kahuripan teh. Tapi sampean geus ngajaheutkeun hate. Nyeklek-nyekelekkeun pajah terah bajo!”
Ningali Retnayu api-api wae kitu teh Sang Sunu teu sabar, atuh pok deui mariksa,
”Na leres Enung teh lali ka urang Galuh? Atanapi moal boa tos aya nu tisisi ti gigir nu... ”
Sasauranana teu kebat da kaburu ditempas manten ku Retnayu.
”Ti sisi ti gigir naon?” saurna kereng bari kerung. ”Barina oge sapimanusaeunana nu puruneun mileuleuheungkeun ka turunan rampog Silalawi?”
”Aeh-aeh, kutan nu geulis teh rada delit?” saur Sig Sunu bari gek wae calik di gedengeunana. ’’Hapunten wae, Eulis! engkang rumaos landung saur bahe carek. Rumaos jalma atah warah. Kasar garihal, ari sasauran. Rupina wae tos biasa teuing paparentah ka bawahan. Malum engkang manusa nu remen aya di medan jurit.”
”Sareng kaleresan nu dipayunan harita di sisi curug teh urang gunung manyang-munyung. Jadi pantes wae masing bade disentak disengor oge. Mangkaning gamparan mah dihenteu-henteu oge seuweu ratu. Pangeran anom nagara Sumedanglarang anu nembe sumping ti pangumbaraan.”
”Tapi Enung oge teureuh ratu. Nya Enung Tohaan Sumedanglarang anu kawisaya pedah dipisirik ku ibu kawalon.” Rangga Malela megat kalimah.
”Naon? Simkuring Tohaan?” Sekarwangi mani reup geuneuk ray pias nambalangna kitu ka Sang Sunu teh.
”Yaktos!” Rangga Malela ngayakinkeun. "Nya Enung ratu anom Sumedanglarang. Nya Enung putri ratu anu tos digadangkeun baris ngeuyeuk dayeuh ngolah nagara.”