Lompat ke isi

Kaca:Rangga Malela 3.pdf/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

”Gampatan!” Retnayu ngoceak bari meungpeukan raray deui. Segruk wae nangis mani eueuriheun, bluk nyuuh kana akar.

”Enung hamo ngangles, nya! Yen Enung teh putri bungsu Sri Prabu Ragapati. Yen Enung teh seuweuna Bi Manik Mayangsari, Parekan ratu nu nemahan pati lantaran dijerum ku maruna!”

Ngadangu jenengan ibuna disabit-sabit sarta dibasakeun Bi ku Ki Semah teh beuki jadi wae tangisna, ngan sirikna teu kokoceakan wae. Sang Sunu surti, yen Retnayu leuwih hade tong diharubiru heula satungtung ragragan keneh citangis, upama geus leler kakara paguneman deui. Tapi parandene aya emutan kitu oge pananganana mah, ngaragamang kana rambut nu ngarumbay sarta ngangsar kana lukut. Teras disasar ka luhur anu ahirna bras kana kulit pundak anu sakitu enayna. Teu karaoseun deui anjeunna teh bet ngusapan kana mastaka Retnayu. Ngan ari bade pok sasauran ilatna bet ngadadak asa dimomotan timah sapikul, atuh temahna ukur ngarenghap bari keketegan. Barang geus leler kakara anjeunna maksakeun nyoara, ”Enung!” saurna haroshos jeung pegat-pegat. Tong dianggo manah kekecapan engkang basa bade paturay di sisi curug mah. Sekali deui engkang nyanggem rumaos atah sasar. Ayeuna engkang ngahaja nepangan. Nyumponan pasini bihari yen engkang pasti baris dongkap deui nepangan Enung. Engkang gaduh pisanggemeun. Nanging samemeh pok teh engkang aya panuhun heula. Peupeujeuh ulah ngan nyumputkeun wae raray tina beungeut engkang!”

Barang tutas nu sasaurann teu talangke deui Retnayu teh cengkat, malik ka Ki Semah. Sarta bari nyusutan cisoca ku dampal panangan turta malik neuteup, pok wae anjeunna ngawaler,

”Abdi terang yen gamparan teh pasti bakal sumping deui ka dieu da melang ku barang titipan. Jadi sumping ayeuna ka dieu teh tangtos bade nyandak titipan tea.”

Sang Sunu melengek mirengkeun Retnayu sasauran kitu teh. Sawatara jongjongan mah anjeunna ngahuleng bari neuleumkeun soca kana pameunteu Sekarwangi. Pameunteu nu beuki tetela wae pikeun anjeunna, bet asa beuki kayungyun wae. Keureutan raray nu lucu dina keur imut, nyari dina keur seuri sarta kayungyun dina keur bendu. Keur kitu ngong deui nu geulis teh,

73