Rangga Malela kerung. ”Hanjakal?” saurna bari meureup tipepereket. ”Hanjakal ku naon dampal gamparan teh?”
”Enya hanjakal! Horeng kadeudeuh kanyaah kami teh bet kieu balukarna.”
Rangga Malela beuki hemeng.
”Kieu atuh, Ki!” Saur Nyi Tanjung deui, ”Bisi sampean teu terang wae ieu mah. Jeung sugan kahartos. Satemenna mah wadia bala anu sarebu nu ayeuna dipanewuan ku sampean teh sasat beunang hese beleke Ki Darga. Tur eta barisan teh kareueus sakumna urang Sumedanglarang. Ari pikeun kami onaman ukur hiji andelan anu mo bisa disisilihan kitu wae. Kami teu weleh ngarasa reugreug da asa aya asongkeuneun dina ayana bancang pakewuh. Ari Ki Darga, kawasna teu kudu dibeunyeur-beaskeun deui. Yen inyana teh hiji pamuk nu jadi tameng dada kami. Tapi lantaran andika aya bagja ayeuna Ki Darga lemor. Temahna, kami jadi honcewang. Hirup gumantung kana buuk salambar.”
”Gamparan!” Rangga Malela megat kalimah. ”Sing percanten wae yen abdi Ki Darga teh mani tos asa ka dulur pet ku hinis.”
”Tapi dina urusan nagara mah taya deungeun taya dulur, Ki!” Retnayu nempas.
Sanggeus sasauran kitu mah Retnayu ngadeg. Teras ngalengkah. Reg wae lebah tangkal kacapiring nu teu sabaraha anggangna ti dinya. Sasauran baru rumenghap:
”Ti danget ieu sampean geus hamo ditalengteng deui. Ngan mangka reungeukeun ku cepil. Tengetkeun ku angen! Nyao poe soma nyao isukna dina poe Anggaran, jadi dua atawa tilu poe deui sampean katut wadiabala pene teh baris diiangkeun ka Madialaya.”
”Abdi gamparan oge tos terug”
”Naha geus terang?” Nyi Tanjung heran.
”Da sakanyaho mah ieu urusan teh rada dirasiakeun, ka balarea ti tangehna.”’
”Margi mangsa kiwari di Kutamaya mah bilik oge careulian!”
”Geus nyaho ta acan sampean, naon marga lantaranana nu matak diiangkeun perang ka Madialaya?”
Retnayu teu ieuh mayun sasauranana teh.