”Terang!, margi kapiseuweuna Ki Ageng Langkara ditampik ku raina Sri Prabu Madialaya.”
”Cing galih. Pantes ta henteu wadiabila Sumedanglarang diiangkeun ka Madialaya pikeun kapentingan si Jayadipati?”
”Leresan dinya mah abdi gamparan teu tiasa nyanggem. Margi dalah dikumaha wae oge abdi gamparan teh ukur salah saurang perjurit nu salamina kedah tuhu tumut kana darma kasatriaan.”
”Tah geuning kalapa bijil ti cungap, Nunggal.” Retnayu mesem. Nembe harita malik. ”Nu matak cekeng ge tadi, mungguhing papancen mah estu taya dulur taya deungeun. Ayeuna andika ditimbalan pikeun merangan Madialaya, isuk jaganing geto ditimbalan pikeun nandasa kami sakadang-wargi. Memang enya, Nunggal. Peupeujeuh kudu satuhu ka si Langkara teh. Da memang ka inyana sampean kudu mulang tamba teh. Bongan inyana nu jadi pupuhu nagara. Bongan inyana nu ngasta pati huripna abdi-abdi di Sumedanglarang! Gugu wae!, najan ahirna sampean kudu numpurkeun manusa-manusa anu pohara mikadeudeuhna ka sampean, lantaran manusa-manusa eta teh pikeun si Langkara mah memang sasat jadi bangbaluh geusan ngahontal panejana. Sarta baring sukpagi, upama manehna geus mutlak jadi ratu Sumedanglarang, mo saha deui nu bakal jadi papatih atawa nu jadi tameng dada nagara, lintang ti sampean!”
Retnayu ngarenghap deui. Peureum tipepereket. Leos wae angkat gagancangan. Teu malire ka nu di kantun nu harita ngembang kadu ku ucap-ucapanana.
Sang Sunu nuturkeun nu angkat ku juru soca. Najan beurang geus kasilih ku peuting, tapi sakuliah patamanan munggah mabra da bulan geus ngacacang di langit.
Lebah lawang kaputren Retnayu pasarandog jeung Ki Darga. Duanana ngararandeg. Teras guluntreng baritinglalieuk ka anjeunna. Teg wae yen Retnayu keur ngistorikeun luangna cikeneh ka Ki Darga. Tapi nu diajak sasauran mah siga teu riuk-riuk. Malah siga nu ngageuhgeuykeun ka Retnayu anu antukna mah ngan balieur wae nu geulis teh. Berengbeng lumpat, geblus kana lawang kaputren. Les wae teu katingali deui.
Sang Sunu imut ngagelenyu ari ras ka Nyi Tanjung harita.