Lompat ke isi

Kaca:Rangga Malela 3.pdf/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ceuk emutanana, nu matak nepi ka kitu teh tangtu lantaran pohara abotna ka Ki Darga. Da apan sakaterangna mah Ki Darga teh memang hiji pamuk nu jadi tameng dadana. Tur sarerea geus pada terang. Retnayu sareng Ki Darga teh salawasna oge meh tara paanggang.

Bari ngantos sumpingna Ki Darga ka dinya teh Sang Sunu nyerangkeun langit nu reunceum midang ku bentang. Angin leutik sumiliwir, satamansari munggah nyambuang ku sarining kembang anu keur meujeuhna mangkak malekar. Ras anjeunna emut ka mangsa-mangsa ka tukang, yen eta taman teh kengingna meresan ti barang anjeunna jadi urang Kutamaya. Estu soson-soson pisan basa keur jadi pangebon teh, bubuhan ras emut ka wiwitanana, Eta taman teh raket pisan hubunganana sareng anjeunna pribadi.

”Tong teuing digalih perkawis Retnayu mah!” Ki Darga muka carita basa tos aya di gedengeun Sang Sunu. Abdi gamparan seja tumaros, kuma pisaeeunana kanggo jisim miwah nu sanesna sabada gamparan angkat?”

”Nanaonan ieu teh, Ki?” Rangga Malela heran ku ucap-ucap Ki Darga. Tuda nu tara tea inyana ngabasakeun gamparan teh.

”Gamparan kedah ngartos”, saur Ki Darga deui. ”Retnayu teh teu kinten miabotna ka gamparan.”

”Gandeng, Ki!” Sang Sunu nyentak bari molotot.

”Nanaonan make jeung gagamparanan sagala rupa Atawa memangna ngahaja ieu teh salindir sampir? Jeung naha Ki Silah teh make aya ucapan pajar Retnayu pohara miabotna ka kuring?”

Ki Darga nu memang teu weleh ayem teh, teu ieuh gedag bulu salambar disengor ku Sang Sunu, malah saurna bari keukeuh ngagamparankeun,

”Naha teu ngaraos Nyi Tanjung sakitu paeh posona kana sagala urusan dampal gamparan?”

”Darga!” Rangga Malela cengkat. Rarayna beureum. Kek nyepeng kana pigeulang Ki Darga.

Tapi Ki Darga teu riuk-riuk. Atuh Rangga Malela beuki asa direrab ku sikepna harita. Pek deui sasauran bari mani teu sirikna ditongtak Ki Darga teh,

”Di dieu teu gindi pikir teu belang bayah pikeun ngarebut

86