Lompat ke isi

Kaca:Rangga Malela 3.pdf/89

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

buah hate andika. Darga! Kami nyarita satarabasna! Kami sumpah kami teu neundeun hate ka Nyi Tanjung. Jeung apan balarea di nagara oge geus nyaraho. Retnayu teh papacangan andika!”

Ki Darga imut bari neuteup ka Sang Sunu, saurna ririh,

”Abdi gamparan ka Retnayu teh teu bina lir lanceuk ka adi. Tos teu asa jeung jiga! Margi abdi gamparan reureujeungan ti bubudak keneh.”

”Tapi Darga sakali deui kami nyarita. Wani sumpahna kami teh teu neundeun hate. Teu, teu aya pikir kadua leutik. Ku kituna peupeujeuh ulah asa direbut bebene. Kami mah geus boga ceungceuman. Malah pasini hamo deuk pukah deui yen kami hamo midua manah. Sarupa deui Darga, nanaonan bakuna nu matak gagamparanan kitu teh?”

Ki Darga ngahuleng sawatara jongjongan, tapi bari keukeuh neuteup ka Sang Sunu nu harita masih keneh murukusunu. Teu lila,

”Da gamparan seuweu Sri Prabu Gangga Malela suargi, nembe pisan jisim terang ti pun bapa. Saur anjeunna, kawitna mah hamo waka betus yen dampal gamparan Pangeran Rangga Malela anu diselongkeun ku Ki Ageng Jagabaya ka Galuh. Nanging dina kaayaan anu sakieu harenghengna, sareng ku margi waktos teu kinten samporetna, kapaksa hal ieu teh didugikeun ku anjeunna ka jisim. Mung sakitu anu kapihatur. Salajengna jisim nyanggakeun piunjuk dampal gambaran dihaturanan linggih ka rorompok. Duka bade aya pikersaeun naon pun bapa teh. Ka jisim mung talatah aya amanat nya eta upami dampal gamparan cios ka Madialaya, abdi kedah ngaleos ti nagara. Tah ka mana mios, teh? saurna taroskeun wae ka gamparan.”

Rangga Malela ngahuleng mirengkeun ucapan kitu mah, Amarahna leungit sapada harita keneh- Ki Darga diteuteup bangun deudeuh. Ari saurna, ”Ki, asal ulah kanyahoan Ku Ki Langkara katut nu lianna wae hal ieu teh. Bahaya, malah alusna mah Nyi Tanjung oge tong sina uningaeun.”

”Nanging abdi gamparan teh upami kapaksa kedah ngantunkeun Kutamaya, nu moal tea tega ngantunkeun Retnayu di dieu. Malah kahoyong mah pawarang miwah Nyi Tongkeng oge bade

87