dibantun.”
Sang Sunu ngagakgak barang ngadangu ucap Ki Darga kitu mah, sarta saurna. "Tah geuning! Ceuk saha sampean jeung Retnayu ukur duduluran? Geuning leuwih ti kitu. Mun tatadi balaka meureun moal nyeuneu heula!”
Ki Darga kalamas-kelemes.
“Ki!” saur Rangga Malela deui. "Memang kitu kahoyong jisim oge. Salira ulah ngantunkeun Nyi Tanjung. Da jisim kungsi nguping pribadi gusti pawarang sareng Nyi Tongkeng sasauran ka Nyi Tanjung, sangkan mikir-mikir pikeun lunta ti nagara. Lantaran pohara dikakalakeunana ku Ki Langkara.”
"Nanging da sanes Nyi Tanjung wae anu diancam di arah patina ku eta duratmaka teh." Ki Darga megat kalimah.
"Leres, terang jisim ge. Boh Nyi Tongkeng katut carogena boh pawarang, sadayana oge pasti bakal dijagal. Tapi pawarang kawas teu ieuh malire kana ayana bahla. Jigana mah geus tohtohan anjeunna teh, Bage hirup bage paeh hoyong di kadaton. Atawa sanu nyaho anjeunna téh aya maksud pikeun nyalametkeun warga karaton tina pancabaya.”
"Taya harepan!” Ki Darga gideug. ”Ki Langkara geus teu ara rumingkang sosoranganan. Saendengna teu weleh dijaga dijaring ku kapetengan-kapetenganana. Utamana Ki Gati jeung Ki Jayeng nu memang jadi tameng dadana ti baheula. Malah eta pamuk nu dua teh ceuk wartos mah geus sareudeuk saigel ti jaman baheula mula. Alam maranehanana jaradi bajag laut keneh. Kalihna apan ayeuna-ayeuna mah nu tara tea pacaket sareng pawarang. Tos pada aing-aingan pada napsi-napsi wae.”
"Jadi kumaha atuh cindekna? Urang teu hade lila-lila ngawangkong di dieu. Bisi aya cakcak bodas. Malum jaman kiwari bilik awi Oge marataan jeung careulian. Ki Langkara jenuk naker esang-esangna.”
”Naon nu dimaksud teh?” Ki Darga malik naros.
"Perkara Nyi Tanjung katut kulawargina.”
"Upami leres pawarang katut Nyi Tanjung teu aya maksud pikeun nilar nagara rupina mung abdi gamparan sareng Nyi Tanjung wae. Sareng aya sababaraha welas urang nu haroyongeun