XII
Dina peuting katilu langit lenglang bareresih. Bulan geus liwat paro terang, malah geus deukeut ka mangsana purnama. Kira-kira wanci sareureuh kolot harita teh: Para tamtama rea nu geus garegelehean ngararasakeun awak nu nahnay jeung nyareri urut jumampah anu sakitu anggangna. Sawareh masih keneh ngarurut kuda nu keur nyaratuan jukut di tegalan anu sakitu mayakpakna. Tapi rea oge di antarana nu galuntreng wae ngawarangkong.
Teu kurang-kurang nu diobrolkeunana mah; aya nu nyaritakeun kuma sikep panewu anyar nu cenah teu disangka ti anggalna, horeng jalma pikaresepeun. Cacak kakara tilu poe campur bet geus pohara pikaconggaheunana.
Lian ti eta, aya oge prajurit-prajurit nu ngadongengkeun kuma ripuhna kahirupan sapopoe tibarang Ki Langkara mutlak ngawasa nagara. Da cenah peperangan beuki mindeng. Rahayat teu kaur nyenghap tina rupa-rupa papancen boh mangrupa pagawean boh wajib seba tina hasil panen. Pakaya teu pati kaurus da nu ngagararapna — saperti maranehanana harita — kapaksa sok remen nilar lembur pikeun ngarurug nagara-nagara tatangga.
Ti barang bral ti Kutamaya tug tepi ka peuting harita anu geus tilu poe lilana teh, boh anak-anak buahna boh pamanggul juritna, urang Silalawi teh mani teu daraekeun pisan campur jeung wadiabala Sumedanglarang. Salawasna siga pahare-hare narapsi-napsi wae. Malah satungtung aya di satengahing jalan oge, urang Silalawi teh salawasna harayang mandeurikeun maneh. Ngabring di barisan pangtukangna.
Sanggeus sakitu poe babarengan sarta dua pihakanana teu weleh kawas minyak jeung cai wae teh, antukna mah Rangga Malela nepi ka bosenna tarekah pikeun ngaraketan Jayadipati. Atuda keur mah sakitu sombongna katurug-turug ana diajak sasauran ngan sok haok polotot wae. Malah karepna mah Sang Sunu teh kudu ngagugu wae kana kapalayna, nya eta narajang Madialaya ti