dipan, pok mariksa ka bi Aminah: ”Lain bi, ka dieu sakeudeung, aya nu rek ditanyakeun ka bibi teh.”
”Naon Enden ?”
”Tadi di payuneun ibu jeung apa, bibi unjukan pajah bibi meunang beja ti kuring, yen kuring rek nganjang ka Neng Kurnia di Maswati. Padahal kuring inget bener. Yen kuring teh teu nyarita kitu ka bibi.”
”Ah Enden mah, geuning tadi enjing-enjing sasauran ka bibi .........”
”Henteu bi, asa teu kungsi nyaritakeun hal eta.”
”Bibi terang ti mana atuh upami sanes ti Enden mah.”
”Kajeun atuh bi, kitu nya kitu, da puguh euweuh saksina.”
”Kapan tadi aya pun Abdul.”
”Enya, keun engke urang tanyakeun ka si Abdul,” tembal Enden Komariah bari seuri, Leos anjeunna ka kamar mandi.
Heuleut saminggu ti saentas aya kajadian nu diterangkeun di luhur, bi Aminah unjukan ka dununganana, menta supaya si Abdul dilepas tina pagaweanana. Upama juragan Pansiun beurat ka si Abdul, manehna sorangan rek menta kaluar. Ku juragan Pansiun dipariksa naon sababna nu matak kitu, tapi bi Aminah teu daekeun nerangkeun alesanana.
Isukna si Abdul dilepas tina pagaweanana.