XV. KABUNGBULENGAN
Lir upama kembang eros layu kapoe, nya kitu pisan katembongna Enden Komariah, reup peuting bray beurang teh beuki taya kaberagan. Awakna anu tadina ngeusi, beuki lila beuki orot. Pasemonna alum, beungeut pias taya getihan.
Ibu-ramana, nya kitu deui Sukardi, ngan bati bingung bae nu aya. Upama ditanya naon ditanya naon nu karasa, jawabna taya nu karasa, ngan lalesu lalungse bae, taya tangan pangawasa.
Mindeng ku ibu-ramana dibangbrangkeun dibawa ka nu anggang, tapi sigana teh kalah beuki layu mun kembang mah.
Estu matak karunya ku Enden Komariah !
Geus diubaran ku rupa-rupa ubar, tapi panyakitna dengdeng bae. Beuki katembong ripuhna sanggeusna cul kana dahar. Sakitu bi Aminah nyadiakeun kadaharan anu pohara ngareunahna, tapi taya nu asup, kajaba ti cai, kitu oge kalan-kalan pisan.
Nilik anu jadi anak geus sakitu sare'atna, geus teu bisa ingkah tina ranjang, nu jadi ibu-ramana geus samar kaloyoh bae. Ngala dokter geus sababaraha urang, tapi panyakit Enden Komariah dengdeng bae, malah kalah beuki ripuh. Meakkeun kapanasaran, ngala specialist panyakit bayah ti Bandung. Tapi ieu oge nya kitu bae, sakabeh ihtiarna geus dijalankeun, taya nu nulung. Ngan ukur bisa nerangkeun, cenah Enden Komariah teh panyakitna "nguluwut pikir."
Awak Enden Komariah ngan kari tulang jeung kulit teh saestuna, iga ragas kawas gambang. Ari gawena sapopoe teh ngan ceurik. Upama ditanya naon nu dipake kasedih teh, tara puguh jawabna.
Sukardi, mireungeuh buah-hatena geus kitu sare'atna, geus samar polah bae. Upama geus datang ti kantor sarta geus dadaharan, sok tuluy bae ka kamar Enden Komariah nungguan nepi ka burit.
"Engkang," cek Enden Komariah dina hiji poe waktu paduduaan di pangkeng.
"Naon ?" tembal Sukardi bari ngadeukeutan.