Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/107

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

’’Panuhun abdi entong ngare repot teuing anjeun, mangga bae sing raos-raos kulem. Teu sawios abdi mah teu kedah dikemitan.’’

’’Buah ati engkang,’’ tembal Sukardi, ’’ulah kagungan emutan kitu. Peupeuriheun enjing-enjing engkang tara tiasa nyarengan, atuh ayeuna sonten, etang-etang nyelangan ibu sareng apa.’’

’’Eta wae ku nyesahkeun geuning abdi teh.’’

’’Henteu,henteu nyesahkeun, panutan. Naon-naon anu dilampahkeun ku engkang, estu medal tina hate anu suci bersih. geusan kasalametan Enden. Kabela engkang ka Enden, sanes bae kajurung ku kamanusaan, sanes bae kahudang ku kabarayaan, nanging kageuing oge ku rasa cinta asih engkang ka Enden.

Ti barang Enden brek teu damang, kenging disebatkeun engkang teh teu raos neda teu raos mondok, tina hariwang Enden kateterasan. Emh, pisakumahaeun teuing pitunggaraeunana hate engkang ? ............

Cing atuh jungjunan, sing geura, damang. Saur apa kamari, upami Enden paran tos damang, urang teh bakal buru-buru dirangkepkeun. Tada teuing bae resepna upami lalamunan urang parantos tinekanan ...............’’

’’Engkang,’’ saur Enden Komariah, ’’tebih teuing eta lalamunan teh ! Hiji lalamunan anu moal kalaksanakeun !’’

’’Eta Enden mah sok pondok pangharepan kitu. Sanajan Enden parantos sakieu sare'atna oge, kapan Gusti Allah mah sipat rahmah rahim, teu mustahil Enden bakal waluya deui sapertos bihara-bihari. Sing percanten ka engkang, insya Allah moal kateterasan !’’

’’Sanes, engkang, sanes ku margi kitu, namung sanggem abdi lalamunan engkang teh moal tiasa kalaksanakeun. Engkang mugi tingali, abdi teh nyaah, asih ka engkang, deui, kanyaah sareng kabela engkang ka abdi ku abdi ditarimakeun pisan, mugi-mugi bae Gusti Allah males kana kasaean engkang tea anu sakitu totomplokanana, ............. namung engkang .............. mugi engkang uninga, .......... abdi teh henteu ari cinta mah ka engkang !’’

105