“Enden,” cek Sukardi bari nutupan beungeutna ku carecet, ”naha teu karunya ka engkang ?”
“Sedih engkang abdi teh tina teu tiasa males cinta ka engkang. Tadi Sanggem abdi, abdi teh parantos ihtiar hayang tiasa micinta ka engkang, namung teu tiasa bae. Dipaksakeun kantenan tiasa, Mamung tangtos sanes cinta sajati, nanging ”cinta paksaan.” Abdi percanten, engkang moal kersa mihukum istri anu teu cinta ka engkang.
Ku margi kitu, wayahna bae engkang, wayahna, da sanes teu hawatos abdi teh, namung kumaha atuh ?” .......... Enden Komariah ngomongna kitu teh bari nyusutan cipanon. ”Sarengna deui, ku emutan, teu kedah dianggo alit manah sapedah cinta engkang nogencang, margi ku engkang oge kantenan katingali, abdi teh parantos sakieu sare’atna, boa enjing boa pageto ngantunkeun engkang kangge salalamina ..........”
”Ku ningal sare’at Enden kieu, engkang beuki sedih, Sedih, ku lantaran Enden anu ku engkang dipideudeuh dipicinta, kenging dodoja anu sakieu abotna. Engkang cinta ka Enden, hal ieu ku Enden parantos kauninga. Sanajan kumaha bae oge kaayaan Enden, cinta engkang ka Enden moal luntur. Moal luntur sapedah engkang bogoh nogencang, moal luntur sapedah sare’at Enden kieu buktina, moal luntur sapedah Enden bakal kapimilik ku nu sanes, hartosna cinta engkang ka Enden ka pameget anu sanes tea, teu tiasa dipindahkeun ka engkang.”
Enden Komariah teu ngajawab deui, ngan cipanonna bae nyurucud, lantaran kacida sedihna, kagagas ku omongan Sukardi anu nyuat-nyuat kana pikirna. Nya kitu deui Sukardi, ngaheruk bae, teu lemek-teu nyarek.
Rupana bae cape entas nyarita, nu gering teh reup bae peureum, tuluy malik, nyangigir ka kenca, nukangan Sukardi.
Handapeun anggel Sukardi mireungeuh potret sapotong, nu sapotong deui mah katindihan ku anggel. Paar bae dicokot, lalaunan pisan nyokotna teh. Ari sihoreng, ......... potret Enden Komariah jeung Maman tea, mani geus kotor.
”Emh, paingan atuh ari kitu mah,” cek Sukardi dina jero