hatena. "Pantes Maman nyaritana ka aing pok deui-pok deui nyebutkeun teu boga dosa. Tangtu pang manehna wani nepungan Enden Komariah teh geus meunang paidin heula, sakurang-kurangna geus badami ti anggalna. Paingan Komariah kagegeringan upama kieu mah. Kalawan teu dihaja, tali cintana ku aing dipegatkeun! Ayeuna kieu buktina .........."
Eta potret ku Sukardi disusupkeun deui kana handapeun anggel. Teu kungsi lila bi Aminah asup ka kamar mawa bubur jeung cisusu.
Sukardi nangtung bari ngomong kieu: "Bi, tungguan nya, kuring rek mandi heula ........"
Waktu Enden Komariah ngalilir, bi Aminah nyampeurkeun bari ngomong kieu: "Enden, itu bubur raosan, meungpeung haneut keneh."
"Keun wae bi, can hayang; diuk anggur di dinya dina korsi. Ka mana ari kang Sukardi ?"
"Siram," tembal bi Aminah bari gek diuk.
"Ibu ?"
"Rupina kulem keneh."
"Palayeun meureun nya bi, da sapeuting tadi henteu kulem pisan."
"Keun atuh, engke mah bibi ngarencangan," cek bi Aminah, "hawatos ku ibu."
Waktu ibu ramana sarumping ka pangkeng putrana, bi Aminah unjukan yen peuting eta rek ngemitan.
Kira pukul 8 peuting keur waktu bi Aminah ngajentul diuk dina dipan, dicalukan ku Enden Komariah, dititah diuk dina korsi deukeut ranjang. Bi Aminah nyampeurkeun.
"Bi," cek Enden Komariah.
"Kumaha Enden ?"
"Kitu sihoreng nya, ari robah-robahna kaayaan di dunya ?"
"Naha kumaha kitu ?" tembal bi Aminah.
"Enya, .......... saperti kaayaan awak kuring, kuring sorangan henteu nyangka bakal pinanggih jeung katunggaraan hate anu peurih pisan karasana, anu nungtun atawa ngalantarankeun