XVI. BUDI
"Ti mana Cep ?" cek juragan Pansiun.
"Wangsul ti kantor pos," tembalna bari gek diuk dina korsi.
"Tas naon?" ceuk juragan Istri.
"Wangsul ngabantun artos ti Postspaarbank."
"Na duit keur naon?"
"Kanggo ongkos nyaba ......"
"Nyaba? Nyaba ka mana?"
"Sakalian bae atuh bade unjukan," tembal Sukardi. "Upami teu aya wagelan, dinten enjing abdi bade nyaba."
"Ke, ke, na asa teu gugur teu angin teuing, aya perlu naon jeung rek ka mana nyaba teh?"
"Hayang ngajajah tanah Pasundan, malah upami katimbang perlu bade teras ka Jawa-Tengah atanapi Jawa-Wetan."
"Jadi duit ti pos-separbang teh rek dipake ongkos nyaba ?"
"Sumuhun, manawi cekap."
"Na ari Didi sok anu lain-lain lalampahan teh. Kapan kudu digawe jeung Komariah gering sakitu parnana. Piraku tega ninggalkeun ?"
"Perkawis padamelan, tadi enjing-enjing abdi parantos perlop ........ Dupi margina nu mawi hayang nyaba, ku jalaran abdi teu kaduga ningal Komariah. Jadi sayaktoşna abdi mios teh teu aya sanes mung kangge kapentingan Komariah, mudah-mudahan tiasa katulungan."
"Jadi maksud Didi teh rek neangan tamba ?"
"Kenging oge disebatkeun kitu. Nanging saayeuna teu acan tiasa nangtoskeun kitu-kieuna, teu acan tiasa nangtoskeun ka mana-manana, bade nuturkeun indung suku bae."
"Enya, tapi ari indit-inditan mah kudu aya nu diseja jeung kudu aya nu dimaksud."
"Anu dimaksad tadi ku abdi parantos disanggemkeun wungkul kangge kapentingan Komariah. Hartosna abdi bade lumaku teh ku margi hayang ngabelaan Komariah, mudah-mudahan tiasa kabelaan. Ihtiar naon anu ku abdi bade dilampahkeun, teu acan
111