Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/114

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

tiasa nangtoskeun, da mung nembe karaos perluna bae, numutkeun wirasat, abdi teh kedah ihtiar.’’

’’Sukur atuh kasep ari kitu mah, heg didoakeun ku embi sing hasil pamaksudan. Da embi teh ku nenjo sare’at si Nyai geus pantar kitu, dokter-dokter taya nu bisa nulungan, geus kumaha mah! Iraha rek indit ?’’

’’Enjing upami teu aya wagelan mah.’’

’’Heug kasep didoakeun ku embi.’’

’’Nyuhunkeun hibarna bae.’’

Subuh keneh Sukardi geus hudang. Papakeanana bawaeun nyaba geus ti kamari keneh dikana-koperkeun.

’’Sabada dangdan, nyelang heula nepungan Enden Komariah.

’’Enden,’’ cenah, ’’doakeun engkang rek nyaba.’’

’’Bade angkat ka mana?’’

’’Ka mana bae dikersakeunana ku Pangeran.’’

’’Pan abdi udur keneh .........’’

’’Engkang nyaba teh wungkul keur kapentingan Enden.’’

’’Nuhun atuh upami kitu mah, mugi-mugi bae tinekanan sapamaksadan engkang .........’’

’’Mangga atuh Enden, engkang bade mios meungpeung enjing keneh.’’ Sukardi ngasongkeun leungeunna, ngajak salasaman.

’’Wilujeng angkat,’’ tembal Enden Komariah.

Bray Sukardi mukakeun panto, ngalieuk heula sakeudeung ka nu gering, leos indit. Sanggeus pamitan ka juragan Pansiun istri-pameget, clak kana motor.

’’Dido’akeun ku embi sing pinanggih jeung karahayuan,’’ cek juragan Pansiun istri, cumalimba.

’’Weleh engkang mah teu ngarti,’’ cek carogena, ’’na rek naon cenah Didi teh?’’

’’Urang antos-antos bae,’’ tembal geureuhana.

Caturkeun anu keur lumaku.

Memeh ka mana-mana, nepungan heula ibu-ramana ka Tasik. Ti Tasik terus ka Ciamis. Ti dieu ka Sumedang, kebat ka Cirebon.

Cindekna, meh unggal tempat bae dieureunan. Malah di kota-kota nae galede mah sok ngahaja nganjrek, aya sapeuting aya dua peuting, kumaha perluna bae.

112