Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/115

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Neangan naon?

Teu aya lian ngan rek neangan ’’ubar’’ anu matih anu bisa nyageurkeun kana panyakitna Enden Komariah.

Sukardi geus nyahoeun yen Enden Komariah teh geringna lantaran kabungbulengan ku Maman, buah-hatena.

Sukardi ngabogaan kapercayaan, Enden Komariah teh picageureunana kudu ’’diubaran’’ ku Maman, da ku dokter mah geuning kalah beuki parna bae.

Kitu sababna anu matak Sukardi indit ti Cimahi, ngalalana ngajajah tanah Pasundan, maksudna taya lian ngan rek neangan Maman!

Sukardi ngarasa dosa, lantaran geus megatkeun tali-cintana dua nonoman anu keur silih asih, geus megatkeun duriat Enden Komariah ka Maman anu memang teu beunang dipegatkeun !

Sukardi teh puguh bae ari cinta mah ka Enden Komariah, tapi sanggeusna ngadenge ti Enden Komariah sorangan, yen Enden Komariah teu cinta ka manehna lantaran duriatna geus tamplok ka nu sajen, manehna ngaragap angen sorangan, hatena ngaleketey teu tega nenjo Enden Komariah anu boa nepi ka hanteuna, lantaran kabungbulengan ku Maman!

Ras deui manehna inget ka Maman anu geus teu indung teu bapa, ditundung tina jero kasenangan, lantaran dipitenahkeun ku manehna, sanajan geus menta dihampura sarta jangji moal deui-deui.

Ku Sukardi kacipta, ari ku ditundung kitu, bisa jadi ku Maman teu sakumaha dipake sedihna, tapi paturay jeung buah-hatena anu tangtu beurat. Malah boa kaayaanana oge moal beda ti Enden Komariah.

Upama ninggang di lalaki sejen, bisa jadi kieu ingetanana teh: "Ka aing geus nampik, mangsa bodo teuing ..........’’

Memang henteu mustahil, malah boa karereanana kitu upama ditampik teh, sok malik ngewa malik ceuceub. Tapi Sukardi mah henteu kitu, lantaran mulya tur jembar hatena.

Manehna henteu ngewa ka Enden Komariah sapedah cintana henteu dilayanan, nya kitu deui henteu ngewa atawa sirik ka

113