Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/117

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kakara dipangkas. Di beh kiduleun kebon enteh tea aya nu keur ngagecruk bae macul di kebon. Tuluy ku manehna dideukeutan, bari ditanya kieu: "Ku getol kang macul teh, rek melak naon ?”

"Kumaha engke bae," tembal nu macul teh bari jongjon bae ngulangkeun doran.

"Kang,” cek Sukardi, "coba ka dieu sakeudeung rek aya nu ditanyakeun !”

”Ti dinya wae atuh, da kakuping !”

”Ka dieu sakeudeung !”

”Upama kuring anu boga kaperluan, tangtu kuring datang ka anjeun !”

”Sakeudeung wae kang, moal lila, aya nu rek ditanyakeun ! Sing ngaraskeun bae atuh, kapan jeblog !”

"Ulah rurumpaheun ka kebon atuh upama sieun ku jeblog mah !”

”Na jelema bedegong-bedegong teuing,” cek Sukardi dina jero hatena, "asana bangsa aing mah tara aya nu bedegong kitu.” Kapaksa Sukardi nyampeurkeun ka nu macul tea, sapatuna bebelesekan kana tai pacul.

Nu macul teh eureun. Barang geus deukeut ngan gabrug bae dirontok ku Sukardi: "Maman, Maman,” omongna, "teu sangka, silaing teh geuning aya di dieu !”

Maman jongjon bae teu lemek teu nyarek. Katembong siga teu reuwas atawa heran.

"Man,” Sukardi neruskeun caritana, “kacida teu sangkana silaing aya di dieu, keur macul di kebon anu sakieu legana, jauh ka ditu jauh ka dieu. Dewek geus ka mana-mana neangan, tapi weleh teu kapanggih. Ayeuna ku pangersana Pangeran bisa diamprokkeun jeung silaing di dieu, di tengah kebon. Kacida teu sangkana teh ! Emh, Man, karunya teuing, milik silaing teh nepi ka kieuna ?”

"Di,” Maman nembal. ”Silaing teu kudu mangkarunyakeun ka dewek, ari lantaranana hirup dewek ayeuna Jeuwih senang ti batan hirup bareto, waktu babarengan jeung silaing ........."

115