Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/123

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

XVII. ’’KANG MAMAN ..........’’

Ku lantaran aya karuksakan mesin, pukul 7 peuting kakara daratang ka Cimahi.

Maman dibawa heula ka papilyun. Kacida ngahelasna waktu manehna nenjo urut kamarna anu kaayaanana tacan sakumaha robahna ti sajungna ditinggalkeun ngalalana, malah buku-buku mah masih keneh bae numpuk dina meja beunang meungekut.

Sanggeus ngampihkeun motor, kakara Sukardi nepungan juragan Pansiun. Maman mah dititah ngareureuh heula di papilyun. Ti luar keneh Sukardi ngadenge nu ceurik. Manehna jalan ka tukang, da tangtu keur araya di pangkengna Enden Komariah. Memeh mukakeun panto kamar, geus teu puguh rarasaan, lantaran ngadenge anu keur careurik tea, moal boa keur nyeungceurikan Enden Komariah.

Bray manehna muka panto lalaunan pisan, Sihoreng juragan Pansiun istri jeung bi Aminah anu keur careurik teh. Juragan Pansiun pameget keur galuntreg bae sasauran jeung dokter ti Bandung.

’’Didi,’’ cek juragan Pansiun, ’’tah diuk di dinya dina korsi !’’

Sukardi munjungan ka pamanna, nya kitu deui ka dokter tea.

’’Tah geuning Didi datang,’’ cek juragan Pansiun istri. ’’Kumaha kasep, geura itu bireungeuh si Eulis .......... geus pantar kitu ..........’’

Sukardi nyampeurkeun ka nu gering. Nenjo kaayaan Enden Komariah anu keur ngalempreh teu usik teu malik beungeutna sepa, panonna celong, teu kaampeuh deui, curucud bae cipanonna bijil.

’’Nden, Nden,’’ cek Sukardi ngomongna lalaunan, ditompokeun ka nu gering. Tapi Enden Komariah mah jongjon bae peureum.

Gek deui manehna diuk dina korsi.

’’Kumaha pamendak juragan ?’’ cek Sukardi ka dokter, ngomongna ku basa Walanda.

’’Ulah dikantunkeun bae dina wengi ieu mah. Kasawatna

121