’’Abdi.’’
’’Nyosi keneh ?’’
’’Kantenan.’’
’’Jandela euweuh nu muka ?’’
’’Duka, da teu ditingal.’’
’’Sugan bibi nyaho, si Midi bogaeun kawawuhan urang luar ?’’
’’Duka da teu nitenan.’’
’’Bibi meureun geus nyaho, waktu juragan arangkat ka ondangan, perhiasan juragan Istri aya nu maling tina lomari. Jadi upama lain jelema luar, tangtu anu boga dosa teh bibi atawa si Midi !’’
Bi Aminah olohok bae sajonjoningan mah. Teu lila pok manehna ngomong kieu: ’’Jadi juragan teh nuding ka abdi ?’’
’’Enya,’’ tembal R. Ahmad, ’’saha deui atuh ?’’ Panto jandela disosi, sedeng nu di imah bibi jeung si Midi.’’
’’Jadi juragan teh nyangka abdi nu ngabantunna ?’’
’’Bisa jadi lain bibi nu nyokotna mah, tapi tangtu bibi mere jalan ka jelema sejen pikeun maling eta perhiasan.’’
’’Kenging juragan nyangka kitu, nanging engke kantenan juragan ngaraos hanjakal, reh parantos nyangka ka abdi nu teu gaduh dosa.’’
R. Ahmad seuri ngadenge jawaban bi Aminah teh, lantaran ari keur pulisi mah boh bener boh nyalahan sangkaanana, teu matak hanjakal.
’’Kuring hayang mariksa heula kamar bibi. Cobi itu heula koper buka, hayang nyaho eusina.’’
’’Juragan teu aya hak mariksa koper abdi, sanajan eusina mung ukur papakean butut.’’
’’Tapi lamun bibi bener teu boga dosa, tangtu bibi ngidinan ka kuring pikeun mariksa eta koper, ambeh kuring nyaho eusina, keur ngabuktikeun yen bibi teu boga dosa.’’
’’Sanajan kumaha bae oge, abdi moal ngidinan ...............’’ tembal bi Aminah beungeutna pias.
’’Lamun kitu, tetela bibi nu boga dosa.’’