’’Juragan teh pulisi, kantenan uninga, yen kangge netepkeun kalepatan teh kedah sidik bukti-buktina atanapi katerangan-katerangan anu aya saksina.’’
’’Enya anu matak hayang ngabuktikeun tea oge,’’ R. Ahmad beungeutna marahmay, lantaran enggeus cop bae tangtu nu boga dosa teh bi Aminah, sarta anjeunna nyangka tangtu barang-barang nu leungit teh aya dina koperna.
Keur kitu Enden. Komariah nyampeurkeun.
Bi Aminah ngarontok kana suku Enden Komariah bari ceurik: ’’Enden, .......... bibi tulungan, da mung Enden anu nyaah ka bibi teh.’’
’’Ku naon ?’’
’’Enden,’’ omongna lengas-lengis, ’’bibi dituding maling sareng maksa bade muka koper ............’’
’’Keun wae bi nu nuding mah, da kuring mah sagede buuk dibeulah tujuh ge teu percaya, yen bibi nu boga dosa.’’
’’Enden, cing atuh bibi tulungan supados koper bibi ulah aya nu muka.’’ Enden Komariah ngahuleng sakeudeung, teu lila pok ngomong kieu: ’’Nganggo alesan kamanusaan sareng tawis males asih, abdi panuhun kalayan sanget, supados panuhunna bi Aminah dikabul.’’
’’Upami juragan teu ngawidian ngayakeun papariosan, anu cekap,’’ cek R. Ahmad, pasemonna katembong siga rada pusing, ’’kapaksa abdi nunda ieu papariosan dugi ka dieu bae.’’
’’Ieuh, Komariah,’’ cek Maman, ’’engkang teu ngarti, naon sababna anu matak ngahalang-halang jalanna ieu papariksaan ? Bi Aminah nyaram muka koperna, eta geus nimbulkeun hiji sangkaan, yen di jero koperna aya naon-naon anu dirasiahkeun.’’
’’Abdi teu panuju kana talajak nu kumaha bae oge anu sakinten matak ngajaheutkeun hatena bi Aminah. Kilangbara males budi teh kana kabelana, atuh panuhun-panuhunna sakitu-kitu bae mah, dilaksanakeun. Engkang uninga kana kabelana bi Aminah ka abdi anu teu kinten ageungna, dugi ka sesah malesna ..........’’