R. Ahmad nyokot deui hiji dus. Barang dibuka, dieusi parabot ngarenda. Di juru koper beulah kenca, aya dus leutik alus, ti luarna aya marek S. & S., tuluy dibuka.
Naon eusina ?
Geulang rantay, sabeulah !
Eta geulang dicokot ku R. Ahmad, tuluy diasongkeun ka Enden Komariah bari ngomong kieu: ’’Cobi ieu tingali, sanes kagungan nu ical tea ?’’
Eta geulang ditampanan ku Enden Komariah sarta diilikan capna, tetela S.S.
’’Yaktos ieu geulang sarupi sareng gaduh abdi, namung abdi henteu percanten manehna nu gaduh dosa.’’
’’Nanging juragan, .......... ieu hiji bukti !’’
Enden Komariah teu ngawangsul, da puguh sidik eta geulang nu anjeunna.
’’Coba cengkat bi, kuring rek nanya,’’ cek R. Ahmad. Bi Aminah cengkat, panonna rambisak, bari ngomong kieu : ’’Emh, tega Enden mah ka bibi ............’’
Enden Komariah teu ngajawab, ngan cipanonna bae nyalangkrung.
’’Ieu geulang kagungan juragan Istri nu leungit tea, jadi sanajan bibi rek mungkir oge, tangtu moal bisa mungkir, da sidik buktina. Ngan kuring rek nanya, dikamanakeun sawareh deui ?’’
Bi Aminah ngabetem bae bari inghak-inghakan ceurik.
’’Cek ingetan kuring leuwih hade bibi ngaku, sangkan jadi kaentengan kana dosa bibi.’’
Bi Aminah ngabigeug keneh bae, ceurikna beuki tarik.
’’Bibi bareto sakola di mana ?’’ cek R. Ahmad.
’’Henteu sakola ..........’’
’’Bisa maca ?’’
’’Tiasa saeutik-eutikeun.’’
’’Di mana diajar ?’’
’’Diwulang ku Enden.’’
’’Leres ?’’ R. Ahmad malik ka Enden Komariah.