Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/136

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 ’’Sumuhun ku abdi dipapatahan.’’

 ’’Ari itu buku-buku saha ?’’

 Ngabigeug deui.

 R. Ahmad ngomong ka Maman ku basa Walanda: ’’Emutan abdi, Suparman anu gaduhna eta buku-buku tea, ngayakeun perhubungan sareng ieu koki, sangkan aya jalan kangge ngalaksanakeun kajahatanana. Eta buku-buku rupina dihaja dipihapekeun ka ieu koki. Nanging tiasa jadi ari ngaranna nu leres mah sanes Suparman. Jadi parantos teu lepat deui ieu koki teh parantos ditipu ku si bangsat tea. Manehna ngahaja masrahkeun buku-buku kanggo nyesahkeun jalanna papariosan pulisi ..........’’

 Maman ngahuleng bae, tina teu ngarti kana maksudna omongan R. Ahmad tea.

 ’’Bi,’’ R. Ahmad malik ka bi Aminah, ’’sanajan mungkir kumaha bae oge, bibi moal bisa lesot tina hukuman. Ieu hiji bukti yen bibi nu boga dosa. Ku sabab kitu, ingetan kuring mah leuwih hade buru-buru bae pulangkeun barang-barang nu sejen-sejenna, sangkan ngajadikeun kaentengan kana hukuman bibi.

 ’’Juragan,’’ R. Ahmad malik ka Enden Komariah, ’’ieu hiji bukti anu teu kenging dibantah deui.’’

 Enden Komariah teu ngajawab, tuluy bae nyampeurkeun ka bi Aminah, brek cingogo muntang kana taktak bi Aminah anu keur inghak-inghakan ceurik. ’’Bi,’’ cenah, ’’kuring ngarasa hanjakal, sarehna kudu ngaku kana eta geulang, tapi kuring mah teu percaya, yen bibi anu boga dosa.’’

 ’’Komariah,’’ cek rakana, "naha teu era deudeukeutan jeung bangsat ?’’

 ’’Na engkang .......... telenges teuing ..........’’

 ’’Hayoh ku sia aku !’’ juragan Pansiun istri nambalang, rupana geus teu kuat nahan amarah, ’’awas lamun teu dipulangkeun deui kabeh !’’

 ’’Naon gamparan anu ku abdi kedah diwangsulkeun deui teh ?’’

 ’’Naon ? Barang perhiasan Enden anu dipaling ku sia peuting tadi !’’

134