Bi Aminah ngabigeug deui, kawas kacida beuratna rek ngaku teh.
’’Bibi,’’ cek R. Ahmad, ’’sakali deui kuring mere inget ka bibi, leuwih hade bibi ngaku bae, da sanajan bibi mungkir oge moal matak jadi kasalametan ka bibi, lantaran ieu bukti anu netelakeun yen bibi anu boga dosana. Lamun bibi ngaku sarta barang-barang anu dipaling ku bibi tea gancang dipulangkeun deui, kuring percaya, hukuman anu bakal ditibankeun ka bibi moal sabaraha beuratna, terkadang bibi dibebaskeun.’’
Bi Aminah ngabigeug keneh bae.
’’Hayoh buru-buru aku !’’ cek juragan Pansiun istri.
’’Su .......... su .......... muhunnn ..........’’ tembal bi Aminah bari meungpeunan beungeutna ku leungeun.
’’Sumuhun teh sumuhun naon ?’’
’’Sumuhun ......... abdi nu ngabantunna ..........’’
’’Tah kitu .......... mun ti tadi sia ngaku teh, ulah musingkeun! Mana barangna sawareh deui ?’’
’’Barang naon ?’’
’’Pek pek, rek ngangles deui bae nya ?’’
Bi Aminah teu daekeun nerangkeun di mana barang-barang nu sejen-sejenna. Digaradah di kamarna, weleh teu kapanggih.
Harita keneh bi Aminah dibawa ku R. Ahmad ka Bandung.