Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/138

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

XIX. SEMAH

’’Punten ............’’

’’Tamu engkang,’’ cek Enden Komariah ka rakana, anu harita keur ngawarangkong.

’’Masya Allah,’’ cek Maman, bari jung nangtung; ’’mang Kiai ? Mangga linggih. Tabuh sabaraha ti ditu ?’’

’’Tadi bae enjing-enjing.’’

’’Saena bae nya, henteu sasab. Ka saha mariksakeun ?’’

’’Nanyakeun ka tukang sado bae di setatsion, kaleresan ka nu terangeun.’’

Maman jeung Enden Komariah marunjungan.

’’Mangga linggih,’’ cek Enden Komariah.

’’Mangga,’’ tembalna. ’’Mugi teu jadi bendu bae, pun emang teh dongkap tumorojog kieu, henteu tiasa ngawartosan heula ti anggalna.’’

’’Teu jadi pambengan, Nuhun disumpingan. Puguh diarep-arep pisan emang teh, da eta kapengker aya saur bade sumping tea ka dieu.’’

’’Nya eta anu mawi pun emang ngadeuheus tea oge, saperkawis emut kana jangji, kalih perkawis, hayang jarah bae, ma'lum pun emang mah jelema kurung batok.’’

’’Pun bojo mah rupina hilapeun deui mang.’’

’’Na da teu acan tepang, upami teu lepat mah,’’ cek Enden Komariah.

’’Kapan anu dina album kang Sukardi tea,’’

’’Euh, anu ku engkang disebat Kiai modern ?’’

Maman ingguk, bari seuri. Semah oge imut disebut Kiai Modern teh.

’’Dupi Den Sukardi di mana ?’’

’’Di Bandung di rakana. Parantos aya bae manawi 5 sasih mah ngalihna ti dieu.’’

’’Pun emang teh nyanggakeun bebendu bae, sarehna nalika nampi serat ngawartosan bade nikah tea, teu tiasa dongkap, mung tiasa nyambungan ku pangdu’a bae ti katebihan .............’’

136