’’Nuhun mang, da mung pangdu'a para sepuh nu diajeng-ajeng teh,’’ cek Enden Komariah bari tuluy ka jero rek nyayagikeun leueuteun. Teu lila geus torojol deui nanggeuy baki.
’’Bujang ditahan di bui,’’ cek Maman, ’’atuh sagala rupi teh kapaksa kedah prak ku maneh bae.’’
’’Ku naon margina nu mawi ditahan ?’’ tembal semah.
Tina perkara kapalingan tea, kalawan ringkes diterangkeun ku Maman ka semah.
’’Tah ieu mang,’’ cek Enden Komariah ka semah, ’’mung ieu-ieuna bae nu kapendak teh.’’
’’Cobi emang ningalan,’’ cek semah.
Enden Komariah ngalaan geulangna, tuluy dibikeun ka semah.
’’Ku sae geuning. Dupi. nu sapalihna deui teu kapendak ?’’
’’Henteu.’’
’’Manawi emang uninga ka wasta Suparman ?’’
’’Henteu,’’ tembal semah, ’’naha kitu ?’’
’’Tina koper koki tea kapendak aya sawatawis buku basa Walanda sareng basa Inggris anu nganggo cap Suparman sareng Siti Salamah. Rupina eta buku-buku teh kenging maling. Ari numutkeun sangkaan Pulisi mah anu maling barang perhiasan pun bojo teh nya Suparman tea. Namung ari abdi mah ngaraos baliwet ngupingkeun katerangan Pulisi teh. Anu mawi bade ngantos-ngantos kekengingan usudanana bae.’’
’’Moal kitu gaduhna sorangan mah eta buku-buku teh ?’’ cek semah.
’’Teu tiasa jadi, margi tiasa maca oge saeutik-eutikeun-dipapatahan ku pun bojo.’’
’’Siga kumaha rupina ?’’ semah nanya deui.
’’Itu potretna,’’ tembal Enden Komariah bari jung nangtung, nyokot potret tina bilik, tuluy diasongkeun ka semah. ’’Tah nu ieu mang,’’ Enden Komariah nunjuk kana lebah potret bi Aminah.
’’Geuning ngora keneh,’’ cek semah. ’’Dupi nu ieu saha?’’
’’Ieu pun bapa, nu ieu pun biang. Nu ieu bujang, nanging