Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/145

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

XX. SOSONOAN

Paturay geus aya welasna taun, papisah jaman keur ngora, pisah lantaran kapaksa, ayeuna patepung deui, enggeus pada tengah tuwuh. Lamun laki-rabina henteu keuna ku gogoda mah, sabatae geus reuay anak.

Sihoreng sanajan paanggang mangalam-alam, ari tali duriat mah teu weleh nganteng, teu daekeun pegat-pegat. Itu ieu oge henteu robah katineungna, duriat taya lunturna. Henteu beunang disisilihan ku nu lian, buktina kajeun lelengohan bae.

Siti Salamah mah bubuhan awewe, geusan nyingkahan rupa-rupa gogoda teh, dibelaan robah adat robah kalakuan, mapandekeun maneh jeung awewe kampung manyang-munjung, cacah rucah atah warah.

"Kaka," cek Siti Salamah ka salakina, "kantenan kaka kersa ngahapunten kana sagala rupi kalepatan abdi, sarehna abdi parantos kumawantun ngantunkeun."

"Dihampura pisan, da ku kaka ge kama'lum, pangna Am tega ninggalkeun ka kaka teh ku sabab teu kuat nandangan paneung teuinganan ibu bae."

"Teu sangka urang teh bet ngajodo deui pakokolot......"

"Tah ieu nu disebut kamurahan Pangeran teh Am, ganjaran ku nu sabar tawekal."

"Kumaha dupi sepuh-sepuh di lembur jarumeneng keneh ?"

"Puguh bae, ngan ibu geus pupus rupana bae kaleleban ku Am."

"Hawatos ........." Siti Salamah cumalimba, cipanonna nyalangkrung. "Entong lami-lami teuing di dieu teh nya ka, enjing atanapi elat-elatna pageto urang mulih."

"Pageto sugan, isukan urang ka Bandung heula nepungan Den Sukardi, lantaran kaka geus jangji rek nganjang."

"Hayang abdi ge ngajajah Bandung. Ti barang urang kaluar ti sakola tug ka kiwari, nembe dua kali, kitu oge henteu kantos ngajajah, nu sakali ningal bioskop ngomong, nu sakali deui ka pasar peuting sareng Enden Komariah."

143