Nepi ka dieu Siti Salamah eureun nyaritana. Meunang sajong-jongan mah paheneng-heneng bae.
Keur kitu, trok- trok- trok, aya nu ngetrokan panto. Bray panto teh muka, da teu disosikeun. Sihoreng Enden Komariah. anu geus lila ngintip di luar ngadengekeun dongengna Siti Salamah. Selenteng, gabrug bae ngarontok ka ibu-ramana dina ranjang.
’’Ibu ......... apa, ....... ieu abdi .....’’
Ngadenge Enden Komariah sumambat bari nyuuh kana lahunan, segruk bae Siti Salamah ceurik mani kapati-pati.
’’Aduh eulis jiwaningwang, Komariah jantung ati, deudeuh teuing tungtung nyawa, nu bageur nu suci ati, panutan lahir batin, teu sangka sacongo buuk, bakal kieu temahna, kersaning Gusti Yang Widi, dikadarkeun jeung eulis bisa patepang.
Enggeus sakitu lawasna, babarengan reujeung eulis, ibu henteu terus-terang, lain ibu henteu asih, tangtu eulis ge ngarti, hal eta kudu dima'lum, nyaah taya hinggana, da puguh anak pribadi, najan eulis sare'atna mah dunungan.
Ibu teh geus ti baheula, hayang ngarangkul ka eulis, hate mah geus kekejotan, ngan kahalangan ku risi, risi inggis ku bisi, bisi matak jaheut kalbu, jaheut ka ibu-rama, anu mideudeuh miasih, bisi pajar ibu teh ngarebut anak.
Enggeus eulis tungtung nyawa, repeh eulis ontong nangis, geura munjungan ka apa, apa sonoeun ka eulis, najan sare'at laip, ieu teh bapa nu estu, nu jeung urang paturay harita eulis can lahir, masih keneh eulis aya ’na kandungan ...........’’
Enden Komariah dirangkul bari diciuman ku ibu-ramana.