Nu ditanya cengkat bari pok ngajawab: "Henteu Enden, ......... keur mendak kasesah bae abdi teh.”
”Susah ku naon?”
Nu ditanya teu ngawalon.
”Naha bibi tacan dahar ?”
”Parantos Enden neda mah ......”
”Na ku naon atuh ? Di mana imah bibi teh, jauh ti dieu ?”
”Nu mawi ........ abdi mah teu gaduh rorompok.”
”Ari ayeuna rek ka mana bibi teh?”
”Ka mana bae dongkapna, manawi di dinya di beh kulon aya nu kersaeun direreban.”
”Ari tadi ti mana ?”
”Ti Bandung ........”
”Ti saha ti Bandung teh ?”
”Sakawitna abdi teh bubujang di juragan Komis di Sukajadi, nanging ku margi dunungan abdi dilirenkeun tina padamelanana, atuh kapaksa abdi teh dipiwarang wangsul. Ari nu mawi dianggo ceurik balilihan mah, teu aya deui mung ku margi sesah nya piwangsuleun ........bae.”
”Na atuh teu neangan deui pagawean di Bandung ?”
”Parantos ka mana-mana milari mah, nanging teu kenging
”Ke atuh dagoan di dieu nya, kuring rek unjukan heula ka ibu,” ngomong kitu teh bari leos indit gagancangan. Teu lila geus kurunyung deui, bari pok ngomong kieu: ”Ka dieu bi, ulah di dinya !”
Jung eta awewe teh nangtung, nuturkeun pandeuri. Barang nepi ka pakarangan dapur brek manehna cingogo.
”Ieu Eulis ?” cek ibuna.
”Sumuhun.”
”Cing ka dieu sing deukeut, ti mana maneh teh ?”
”Ti Bandung,” jawabna bari pindah kana deukeut tihang, brek deui diuk.
”Jadi koki di saha di Bandung teh ?”
”Di juragan Komis ........”