Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/23

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

”Naha make eureun ?”

”Margi eta ...... parantos liren tina padamelanana.”

”Pansiun ?”

”Duka da dioperkomplit saurna mah, duka naon operkomplit teh.”

”Enya meureun dilepas lantaran rea teuing pagawe,” cek putrana.

”Geus lila digawe di juragan Komis teh ?”

”Parantos aya bae manawi 6 taun mah.”

”Geuning geus lila.”

”Kantenan da ngiring ka anjeunna teh nuju anjeunna didamel di Cianjur keneh.”

”Jadi maneh teh urang Cianjur ?”

”Sumuhun.”

”Boga keneh baraya di Cianjur ?”

”Nu mawi parantos teu gaduh, sadayana oge parantos tilar dunya,” tembalna.

”Teu boga anak?”

”Gaduh ge hiji, parantos maot nuju orok beureum keneh.”

”Ari pipisahan jeung salaki geus lila ?”

”Lami,” tembalna bari nyusutan cipanon ku tungtung baju, rupana bae kagagas, inget ka jaman nu geus kaliwat.

”Lain kitu, kumaha upama cicing di dieu jadi koki, kira-kirana daek?”

”Kalintang nuhunna upami juragan kersa nampi mah ka jisim abdi anu hina tur teu aya katiasa.”

”Kabeneran pisan kamari koki di dieu balik, mun teu kitu mah can puguh bisa nulungan ka maneh.”

”Nuhun juragan, nuhun, ku kasaean juragan sakitu, mani asa ditumbu umur teh sayaktosna, da upami teu kapendak ku Enden mah tiasa jadi abdi maot langlayeuseun.”

”Nya kitu bae ayeuna mah, ngan acan bisa nangtukeun perkara bayaran, lantaran hayang nyaho heula pagawean maneh. Upama getol bae meureun digedean, sabalikna upama ngedul atawa teu bageur tangtu nyaho sorangan pibalukareunana.”

”Emh juragan, bujeng-bujeng dibayar abdi mah, ku tiasa

21