hirup oge parantos pirang-pirang untung. Perkawis padamelan-padamelan kitu ari anu kadada kaduga mah kantenan pisan ku abdi dipidamel sakumaha mistina."
"Sukur atuh ari kitu mah. Cig ayeuna mah geura ka dapur, beberes keur pienggoneun. Tuh di kamar nu itu nu kulon. Naon eta dina koper ?"
"Papakean butut kangge disalin," tembalna bari leos ka dapur. ................................................................................
"Pa, parantos kenging gentosna bi Sarti teh," cek putrana ka ramana anu kakara gugah.
"Sukur bae geus meunang mah, Urang mana ?"
"Tilas koki Komis di Bandung, duka Komis naon."
"Sugan bae bageur ieu mah, da jelema kasangsara, katurug- turug geus teu bogaeun pisan baraya," cek geureuhana.
Kakara digawe dua poe oge geus kacida kapakena koki anyar teh, jaba ti singer kana sagala rupa pagawean, jeung bisa masak, deuih, bisa nyieun kadaharan nu marodel teu kalawan pituduh dununganana. Malah mindeng nyieun kaolahan anu dununganana kakara mendak. Atuh teu matak heran, koki anyar teh pohara di- pikanyaahna ku dununganana. Malah putra dununganana mah mindeng sasauran kieu: "Bi, upama rek nyieun kaolahan nu model, kuring bejaan nya, rek diajar."