Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Komariah bet mere budi ka aing, kawas lain sawajarna.

Enya, tapi sanajan kitu oge kacida teu pantesna, kacida salahna, upama ku aing dilayanan, jeung ongkoh aing geus ngabogaan kayakinan yen aing teh lain babad ka Enden Komariah.” Kitu pikirna Maman, upama ingetanana keur sehat. Tapi eta ingetan nu sehat teh sok sakeudeung pisan timbulna, kalindih ku rasa anyar anu karasana beuki ngagolak dina sanubarina.

Kitu sababna anu matak Maman mindeng malaweung!

Mindeng manehna indit nyorangan ka tempat nu singkur, ngadon niiskeun pikir.

Dina hiji poe, meneran poe Minggu, Sukardi ngajakan ulin ka Maman, tapi Maman teu puruneun, basana teu ngarareunah awak. Enden Komariah oge anu ti kamarina geus nyanggupan, barang ngadenge yen Maman moal milu mah, tuluy bae dadaku aya halangan nu penting. Atuh kapaksa Sukardi indit sorangan, lantaran manehna geus jangji ka babaturanana di Bandung.

Barang Sukardi geus indit, rap Maman dangdan, leos ka buruan, leumpangna tungkul, pasemonna alum. Di lawang paamprok jeung Enden Komariah keur naleukeum kana pager tembok.

”Rek ka mana Man?” cek Enden Komariah bari nyampeurkeun.

”Henteu, bade ulin bae.”

”Ulin ka mana?”

”Bade ka apotik meser ubar. Mangga atuh ceu !”

”Kenging ceuceu ngiring?”

Maman teu ngajawab, jongjon bae leumpang, api-api teu ngadenge.

Teu puguh-puguh, nenjo nu keur leumpang teh, curucud bae cipanon Enden Komariah bijil, ngalembereh kana pipi. Leos bae anjeunna ka tukang, gok paamprok jeung si Abdul keur sasapu.

”Dul, ka mana ari Gan Maman?”

”Sanes ameng?”

”Ameng ka mana?”

”Sasauranana ka abdi mah bade ka Curug Jompong.”

”Ka mana Dul, ka Curug Jompong?”

33