Enden Komariah gogodeg, bari pok ngawangsul kieu: "Maman, Maman, na nepi ka nanya kitu ka ceuceu?"
"Naros bae atuh ceu."
"Enya, tapi naon perluna Maman nanya kitu, ari lain rek ngahina atawa ngawiwirang mah ka ceuceu."
"Abdi ngahina ka ceuceu ? Eta ceuceu mah sok babarian bendu kitu, ditaros saleres-leres."
"Enya, tapi teu aya perluna Maman nanya kitu ka ceuceu, geuning ceuceu ge teu nanya ka Maman naon sababna nu matak Maman nyeungceurikan potret, dan ku ceuceu ge kajudi."
"Nuhun atuh ari parantos kama'lum mah."
"Naha pertanyaan Maman perlu keneh ku ceuceu dijawab ?"
"Ah, teu kedah."
"Tadi isuk-isuk Maman nyarita rek ka apotik, tapi buktina ka dieu. Naha geuning make ngabohong ka ceuceu?"
"Sasab ........ "
"Ku ceuceu rek dipiluan oge teu ngajawab-jawab acan. Naha era ulin babarengan jeung ceuceu ?"
"Sumuhun isin, isin anu medal tina karumaosan, rumaos jadi jalma hina tur teu aya kagaduh. Ceuceu langkung tingali, abdi teh jalma kasangsara, parantos teu gaduh indung teu gaduh bapa, teu gaduh baraya-baraya acan, hirup oge numpang di ceuceu. Jelema naon pingaraneunana upami abdi teu ngarumasakeun maneh atanapi teu nalipak maneh. Jadi ulah lepat ngaraos, sanes abdi alim sasarengan sareng ceuceu, nanging abdi ngaraos teu layak sasarengan sareng ceuceu teh ! Tah kitu margina mah."
"Jadi ........ jadi hartina ...... Maman teh ..........?" cek Enden Komariah bari tungkul.
"Teu ngartos ........"
Enden Komariah cengkat, tuluy neuteup ka Maman mani teu ngiceup-ngiceup.
"Sumuhun ceu, na kedah kumaha atuh abdi teh ? Sing hawatos bae atuh ka abdi.
"Enya, na kudu kumaha atuh ceuceu mikanyaah ka Maman, cing pok geura caritakeun. Sing percaya, ari nu sakira kadada