Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

kaduga mah tangtu ku ceuceu dibelaan.”

 "Kasaean ceuceu sareng ibu-rama kasuhun pisan, cek paripaos, beurat nyuhun beurat nanggung teh sayaktosna, dugi ka ngaraos sesah kumaha nya pimaleseun .......... "

 "Ah, da lain ngahutangkeun."

 "Nanging ka beh-dieunakeun ceuceu teh Sarupi anu bade nyilakakeun ka abdi .........."

 "Kumaha? Nyilakakeun kumaha ?" tembal Enden Komariah, bengong." Laku ceuceu nu mana anu matak ngadatangkeun kacilakaan ka Maman ?"

 "Sare’atna ceuceu teh mikanyaah ka abdi, nanging hakekatna bade nyilakakeun."

 "Teu kaharti !" cek Enden Komariah bari gogodeg.

 "Piraku ku ceuceu teu kaerong pibalukareunana, upami kalakuan urang kauninga ku ibu-rama ? Kapan teu mustahil abdi ditundung.ku rama sareng ku ibu. Dina kajadian kitu, naha henteu ngandung hartos ceuceu teh ngunclungkeun ka abdi ?”

 "Ah, jauh teuing Maman mah lalamunan teh. Ayeuna ceuceu malik nanya: Naha upama Maman tega ka ceuceu, henteu ngandung harti Maman oge nyilakakeun ka ceuceu ?"

 "Sumuhun anu mawi nyanggem kitu oge ku margi abdi hayang ngabelaan ka ceuceu, ku jalaran abdi hawatos ka ceuceu."

 ”Tapi Man, entong muter-muter omongan, ceuceu rek nanya pondok bae, naha Maman moal kaduhung ?

 "Kaduhung kumaha ?”

 "Kaduhung kumaha bae, boh ku margi ceuceu pinanggih sareng katunggaraan, boh Maman: sorangan pinanggih sareng kahanjakalan, hanjakal geus neungteuinganan ka ceuceu."

 Maman ngahuleng, da puguh manehna ge pang sakitu teh lantaran kabungbulengan ku Enden Komariah.

 "Kumaha Man?"

 "Nya atuh ceu ....... urang kumaha behna bae, da puguh jalma mah ngan darma wawayangan.”

 ”Cing atuh pok Man ngomong ........"

37