Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Minangka jawabanana Maman nyodorkeun dua leungeunna, ditema ku Enden Komariah. Ketewek dicekel ku Maman bari ditarik rek dirangkul, tapi Enden Komariah rikat narik leungeunna, porosot bae lesot.

"Eta sok teu sabaran kitu, kawas lain satria bae," cek Enden Komariah bari imut ngagelenyu.

38