Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nimbulkeun kabungahan anu taya, hinggana ka aranjeunna, da meureun pang sakitu oge ku perbawana kaasih jeung kanyaah Sukardi ka putrana. Emutan ibu-ramana, mun geus nepi kana waktuna nu mustari, rek buru-buru bae dirangkepkeun.

 Enden Komariah ngarasa kahutangan ku Sukardi anu mikayaah ka anjeunna sakitu totomplokanana. Ku anjeunna geus kaerong pisenangeunana upama ngajodo ka Sukardi, anu bakal bisa nedunan sagala kahayangna. Ku perbawa dunya barana sanajan lelembutanana geus kabandang ku Maman oge — teu burung bae Enden Komariah nyoba-nyoba hayang micinta ka Sukardi. Kanyaah jeung kaasih ka Sukardi geus nyampak ti baheula dina sanubarina, tapi ari duriat mah teu kalis ku dieupanan !

 Pangwowoy Sukardi kabuktian aya gunana, sabab ayeuna mah Enden Komariah jadi lindeuk deui, meh unggal sore bae nepungan ka papilyun ngadon ngawangkong bari sempal guyon. Ngan hanjakal, upama anjeunna ka papilyun teh tara tepung jeung Maman da sok numpi bae di kamar. Atuh ngan bati geregeteun bae, da cacakan teu aya Sukardi mah moal boa geus disampeurkeun ka kamarna, bakating ku sono. Lain sono ku lantaran geus lila teu tepung, da unggal poe ge tepung mah ‘tepung, ngan tepungna sok saliwat-saliwat anu henteu matak jadi ubar kana kasonoanana tea.

 "Ka mana ari Maman ?" cek Enden Komariah.

 "Aya di jero, keur sare meureun."

 "Man, Man, cing ka dieu urang ngobrol !"

 Maman jongjon bae teu malire.

 "Nden, isuk moal ka mana-mana ?" cek Sukardi.

 "Moal .......... kumaha enjing we ketah."

 "Urang ka Curug Jompong nya ?"

 "Ah alim, sok lieur."

 "Ka mana atuh ?"

 "Ah, moal ka mana-mana."

 "Aeh, cek Sukardi bari jung nangtung, "tadi basa engkang balik ti kantor aya nu mere prohrama bioskop." Tuluy manehna ka jero, nyokot prohrama tea. Teu lila geus datang deui bari sok prohrama teh dibikeun ka Enden Komariah.

40