"Kumaha ........ ?"
"Mangga."
"Coba ka apakeun, bisi palayeun ningali."
Leos Enden Komariah nepungan ramana.
"Prohrama naon eta teh lah ?" cek ramana anu harita keur ngalantung di buruan. '
”Bioskop,” tembalna, bari ngasongkeun prohrama tea ka ramana.
”Rek lalajo ?”
”Sareng apa wae atuh.”
”Coba wae badami jeung ibu.”
Enden Komariah nepungan ibuna ka jero. Ari ibuna mah ujug-ujug mupakat bae. Harita keneh Enden Komariah unjukan ka ibuna supaya bi Aminah oge diajak, karunyacenah, ulah dusun teuing. Ibuna ngarujukan.
Ngan kari ........ Maman ! Boa mah moal daekeun.
”Kudu, Maman oge kudu milu !” cek dina pikir Enden Komariah, ”Upama Maman teu milu, leuwih hade aing oge cicing bae di imah jeung Maman.
Diajak ku kang Sukardi, kawasna moal daekeun. Ku sabab eta kudu diajak ku aing sorangan.”
Bada magrib Sukardi nepungan H. Ibrahim, tatanggana, rek nyewa opletna. Enden Komariah teu talangke, gura-giru indit ka papilyun, rek nepungan Maman. Teu asa-asa deui, bray bae mukakeun panto. Kasampak Maman keur diuk dina korsi bari nanggeuy gado.
"Man, Sukardi teu nyarita ka Maman perkara lalajo?”
”Nyarita.........”
”Ngajak ?”
”Kantenan bae ngajak mah.” Padahal teu ngajak teusing.
”Hayu atuh geura dangdan !”
”Mangga wae, abdi mah moal ngiring.”
”Naha ?”
"Moal Wae ...... ”
”Man, nyaah ka ceuceu ?”