”Iraha meulina ?”
“Duka ....... da ti barang emut oge parantos aya.”
”Coba laan sakeudeung, engkang ngilikan.”
”Engke deui bae atuh di rorompok.”
“Hayang ayeuna.”
"Bade dikumahakeun ?”
”Hayang nyaho beuratna, urang nyieun sabeulah deui.”
Tina dikeukeuhan, nya dibikeun. Sanggeus dirarasakeun beu-ratna, tuluy diilikan potonganana. Dina palebah paranti nyantelkeunana ku Sukardi katembongeun aya cap aksara S.S.
”Pondokna tina naon ieu S.S. teh ?”
”Duka atuh.”
”Piraku, ari tina Staatsspoor onaman,” cek Sukardi bari nyerengeh seuri.
”Ku abdi oge parantos ditaroskeun ka ibu, nanging anjeunna teu uningaeun, margi ngagaleuh parantos jadi, sanes kenging ngongkon.”
"Eta geulang dibikeun deui ka Enden Komariah. Barang rek dipake, bi Aminah ngomong kieu: ’’Cobi Enden bibi ningalan, ku sae geuning.”
Henteu hese, sok bae dibikeun geulang teh ka bi Aminah, anjeunna mah jongjon bae ngawangkong jeung Sukardi.
Pes listrik pareum, tangara rek ngamimitian maen. Sukardi ngisedkeun korsina sina paadek jeung korsi anu didiukan ku Enden Komariah.
”Mana geulang teh bi ?”
”Ieu,” tembalna bari diasongkeun.
Waktu nampanan, karasaeun ku Enden Komariah leungeun bi Aminah ngadegdeg.
”Ku naon bi ngadegdeg ?”
”Rareuwas Enden bibi mah. Naha geuning bioskop teh ayeuna mah ngaromong, da kapungkur mah nalika bibi ningal sareng juragan Komis, henteu ?”
”Kapan nya ieu nu disebut ”sprekende film” teh, bioskop
ngomong Sundana mah.”