”Hanjakal teu kahartos ngomongna.”
”Tangtu bae da basa Inggris.”
Saterusna mah Enden Komariah ngawangkong jeung Sukardi, nyaritana ku basa Walanda, malar teu kahartieun ku bi Aminah. Wangkonganana, tangtu bae pinuh ku kecap-kecap percintaan, malah nya harita pisan Sukardi mukakeun tutungkusan dina sanubarina ka Enden Komariah, sanajan ku silib oge, Sajeroning kitu teh ati lelembutan Enden Komariah mah ngacacang bae neangan geusan eunteup, nepi ka rea pertanyaan Sukardi anu teu dijawab, da puguh teu pati dibandungan.
Pukul 12 bubaran !
Waktu dua jam karasana ku Swkardi mah asa kacida sakeu-deungna, sabalikna karasana ku Enden Komariah, pohara matak Keselna teh.
Brul kalaluar.
Di luar geus ngajagrag oplet. Maman geus kasampak di gigireun supir.
Barang rek arunggah, ibu Enden Komariah mariksa kieu ka bi Aminah: ”Ku naon Minah, eta beungeut mani pias kitu, gering ?”
”Teu ku nanaon,” tembalna bari tungkul.
”Reuwas meureun nya, nenjo bioskop ?” cek Enden Komariah bari seuri.
”Sumuhun’’
Clak naraek kana oplet, geleser maju.
”Di mana tadi Maman diuk ?’’ cek Enden Komariah.
”Di payun,” tembalna lentong pisan.
”Naha make di kelas III ?”
”Marjuki keukeuh bae ngajakan di kelas Ill, hayang aya batur sanggemna, ari bade di kelas II artosna teu cekap.”
” Kaharti Minah lalakon bioskop teh ?” cek ibu Enden Koma-riah.
”Kakuping bae gandengna mah,” tembal bi Aminah.
”Heueuh, kawas kami bae, da teu ngarti kami ge. Basa naon eta teh Cep, uway-uwey kitu ?”