“Kumaha kitu ?”
“Iasa milihna !”
“Da lain beunang milih.”’
“Petingan atuh, ari sanes kenging milih mah.”’
“Kumaha Nana geus milih?”’
“Seueur piliheun mah, mung teu aya nu cocog sareng hate.”
“Ah aah tampikan, heg bae engke kaasup kana paribasa: pipilih nyiar nu leuwih, koceplak meunang nu percak.”
“Sanes tampikan, mung teu aya nu panuju sareng lelem- butan.” Neng Kurnia nataan sababaraha nonoman di Cimahi jeung di Bandung anu geus nyuratan ka anjeunna.
“Coba eta, sakitu petingan-petingan bae, na rek neangan nu kumaha deui ?”
“Petingan kumaha? Cobi mangga ku ceuceu pangmilihkeun, nu mana nu disebat petingan teh ?”’
“Asep Dadang upamana, kapan sakitu gandangna, sakitu kasepna, upama ngarangkep ka Nana teh, nurub cupu piba- saeunana!”
“Yaktos, nanging .......... teu kenging diarah kasepna wungkul, da kapan laki-rabi teh teu cekap ku ngeunah nyanding bae, namung kedah ngeunah nyandang deuih. Kapan beuteung mah teu nyahoeun ka nu kasep, moal matak seubeuheun diparaban ku kakasepan sareng kagandangan.”
Enden Komariah imut, kayungyun ku Neng Nana, cacakan budak keneh mah geus nepi ka dinya pamanggihan, da anjeunna ma jajauheun teuing kana boga pikiran kitu.
“Geura mangga ku ceuceu ileng-ileng,” Neng Kurnia neruskeun caritana, "nu mana — numutkeun timbangan ceuceu — nu pantes pisalakieun abdi ? Puguh, sadayana oge karasep, garandang, palinter, nanging ......... da mungsakitu-kituna bandana tebogeg an nya eta kapinteranana pimodaleun hirup teh.”
“"Upami es ge dianggo modal hirup, moal tinglalantung teu puguh, tinglaligeuh teu aya guam. Untung barogaeun keneh indung-bapa, cacakan teu kitu mah moal boa parantos tingjalopraks dina kamalir .........."