Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/56

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Enden Komariah imut ngagelenyu.

 “Nu mawi abdi mah teu kabita ku kasepna, teu kabita ku gindingna,” Neng Kurnia neruskeun caritana, "cumah da ginding ge sanes kengingna sorangan. Pendekna abdi mah teu rek heroy sapedah kaluaran A.M.S. atanapi H.B.S.[1]

 Sanes tampikan ceu, mung kaayaan anu henteu ngidinan teh. Jol ieu pinter, teu gaduh damel ; jol nu sanes kasep, el-el ; jol deui gandang, masih keneh diurus ku indung. Geura, kumaha bade tiasana nyekel rumah tangga, dirina sorangan oge masih keneh diurus ku kolot. Nu mawi abdi mah tara asa-asa deui ari ngawolonan surat teh, digeplakkeun bae; neangan heula pangasilan anu sakadar cukup keur hirup duaaneun, dimana geus meunang kakara ngalamun boga pamajikan !”

 Upami ceuceu jadi lalaki dikitukeug ku Nana, kumaha boa ........."

 “Keun wae ambeh marerih,” tembal Neng Kurnia, "Kumaha da rata-rata barudak bangsa urang mah, mun awewe pisalakieun, mun lalaki pipamajikaneun nu pangheulana dipake lalamunan teh. Ari neangan jodo, ngan dapon bogoh kana rupana, teu ngingetkeun ari kana pikahirupaneun mah. Asal cinta........... kawin bae ! Urusan rumah tangga didamel nomer dua. Samarukna ari laki-rabi teh saratna mung kacintaan wungkul ..........."

 “Na ari cinta lain tara pandang kana dunya barana ?” Enden Komariah nempas.

 “Ah bohong ! Abdi percanten, ceuceu moal micinta ka kang Didi, upami kang Didi jadi marhaen anu hina, tukang ngarit upamina,” cek Neng Kumia bari imut ngagelenyu.

 “Boa cinta, da cinta mah teu wawuheun kana kahinaan.”

 “Tiasa jadi ari cinta sajati mah, sanaos mung dina dongeng. Ah abdi mah teu. sawios teu nyorang cinta sajati oge, supados pinanggih sareng kasenangan bae, engke oge cinta mah medal sorangan upami parantos karaos kasugemaan rumah-tangga mah."


 
  1. Setingkat dengan SMA sekarang
54