"Lami......."
"Na atuh lain ka imah, Nana?"
"Wangsul ti ditu bieu oge."
"Sukur atuh ari geus ka arimah mah."
"Kumaha rama sareng ibu daramang?"
"Berekah."
"Nuhun atuh ati daramang mah."
Enden Komariah diwawuhkeun ku Neng Kurnia ka rakana.
Mas Tata tadina mah rek buru-buru balik ka Bandung, tapi ku sabab aya tetenjoan, sigana teh geus teu inget kana pibalikeun, kajongjonan ngobrol jeung Enden Komariah, anu satingkah saparipolahna matak deungdeuleueun barudak ngora anu sumedeng pinuh ku kabirahian.
Sanggeus rada beurang Enden Komariah pamitan mulang. Tangtu bae teu lengoh, da sirikna teu sagala dibahankeun. Barang Enden Komariah jeung bi Aminah geus tarumpak oplet. Neng Kurnia ngomong kieu ka rakana: "Sesah kang, parantos aya nu gaduh."
"Kajeun teuing geus aya nu boga ge ..........."
"Bade rerebut kitu ?"
"Rerebut ? Manasina geus bogaeun salaki. Jeung deui saha nu nyaho, boa teuing ka akang jodona mah. Cindekna kumaha Nana bae eta mah, piraku teu rek karunya ka lanceuk."
"Karunya ge, ari sesah?"
"Sesah? Acan ge dilampahkeun geus nyebutkeun sesah !"
"Naon?" cek ibuna.
"Kang Tata palayeun ka Enden Komariah bu."
"Ah, Tata mah sok teu nalipak maneh, moal enya kersaeun. Neangan deui bae atuh anu babad jeung urang, ulah sok mikahayang ka lain tanding."
"Puguh tanding, ibu mah," tembal Mas Tata.
"Kuma dinya atuh, ari puruneun mah."
"Nya kitu tea bae eta mah nya Nana," cek rakana, "akang ayeuna rek balik. Mun bisa, bawa ulin ka Bandung."
"Mangga."