Lompat ke isi

Kaca:Rasiah Geulang Rantay.pdf/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

“Tembongkeun bukti-buktina, yen silaing teu boga dosa !” Sukardi nempas.

Maman boga ingetan rek nerangkeun tali-rasiahna antara manehna jeung Enden Komariah, malah surat ti Enden Komariah oge rek dibikeun. Tapi jol bae ingetan sejen, kieu : "Aing geus kabuktian pinanggih jeung bancang pakewuh, jadi lamun ku aing dibejakeun teh, bener aing bisa ngabela diri tamah, tapi eta teh ngandung harti Enden Komariah ku aing dikusrukkeun, sanajan aing percaya Enden Komariah moal sungkaneun nanggung papait kalakuanana sorangan.

Ah, leuwih hade ditanggung ku aing sorangan, sangkan Enden Komariah pinanggih jeung kasalametan.”

Tidinya pok Maman nembal kieu: "Pibalukareunana kalakuan dewek bieu memang gumantung ka silaing Di, da mang Pansiun mah tacan uningaeun. Jadi lamun ieu kajadian ku silaing ditutup nepi ka lebah dieu, tangtu meal papanjangan, sarta dewek rek jangji moal deui-deui milampah kalakuan anu sarupa kitu.”

"Ditutup ? Teu bisa jadi Man. Silaing kudu ngarti, dewek moal ngabela kajahatan. Kalakuan nu salah tetep salahna, sarta kudu meunang hukuman ! Komo deui ieu mah anu patali jeung kahormatan baraya dewek sorangan. Perkara hukumanana kalakuan silaing bieu, ku dewek rek dipasrahkeun ka mang Wadana Pansiun bae, lantaran dewek mah teu ngabogaan kakawasaan. Jadi, silaing ulah ngabogaan sangkaan, yen ieu lalakon ngan rek semet dieu bae, sabab ku dewek bakal ditepikeun ka mang Pansiun.”

"Di, ........ cek Maman, ngomongna dumareuda, ”na silaing teu karunya da dewek ? .......... Na silaing rek tega dewek, sobat silaing ?”

"Silaing salah harti Man. Ieu urusan lain urusan sobat, jadi, Looe sobat tinggal sobat, tapi ieu teh urusan silaing jeung pamili dewek ! Sing percaya, dewek henteu ngewa ka silaing, tapi dewek ngewa kana tabe’at silaing anu sakitu gorengna, anu rek dipake ngaruksak kahormatan baraya dewek !

64